Républik Afrika Tengah
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Républik Afrika Tengah (Basa Prancis: République centrafricaine, dilapalkeun: [ʁepyblik sɑ̃tʁafʁikɛn], atawa Centrafrique [sɑ̃tʀafʀik]; Sango Ködörösêse tî Bêafrîka), mangrupa hiji nagara nu dilingkung di Afrika Tengah. Tepung wates jeung Chad di kalér, Sudan di kalér-wétan, Sudan Kidul di wétan, Républik Démokratik Kongo jeung Républik Kongo di kidul, sarta Kamérun di kulon. Bangui mangrupa ibu kotana.



Sanajan sumber daya mineralna signifikan (emas, uranium, inten, jsb.), Républik Afrika Tengah tetep mangrupa salah sahiji ti nagara nu pangmiskinna di dunya jeung aya di antara sapuluh nagara nu pangmiskinna di Afrika. Indéks Pawangunan Manusa pikeun nagara ieu nyaéta 0,369, nu méré réngking 179 ti 182 nagara kalawan data.[2]
Remove ads
Préféktur jeung sub-préféktur
Républik Afrika Tengah dibagi kana 14 préféktur administratif (préfectures), bareng jeung 2 préféktur ékonomis (préfectures economiques) jeung hiji komune otonom. Préféktur-préfékturna teras dibagi kana sub-préféktur (sous-préfectures, total 71).
Préféktur-préfékturna
- Bamingui-Bangoran
- Basse-Kotto
- Haute-Kotto
- Haut-Mbomou
- Kémo
- Lobaye
- Mambéré-Kadéï
- Mbomou
- Nana-Mambéré
- Ombella-M'Poko
- Ouaka
- Ouham
- Ouham-Pendé
- Vakaga
Dua préféktur ékonomisna nyaéta Nana-Grébizi jeung Sangha-Mbaéré; ari komunena nyaéta Bangui.
Remove ads
Tempo ogé
- Transportasi di Républik Afrika Tengah
- Daptar partéy pulitik di Républik Afrika Tengah
Réferénsi
Bacaan salajengna
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads


