Ajug

From Wikipedia, the free encyclopedia

Ajug
Remove ads

Ajug nyaéta pangganjel damar sangkan caangna leuwih lega.[1] Ajug bisa ogé disebut suku; tihang damar aya ajug nu ngahiji jeung damarna aya ogé anu misah, malahan ajug nunjul ogé kana barang séjén anu ngahaja dimangpaatkeu pikeun ganjel damar.[1][2] Ajug sagigireun pikeun nambahaan caang rohangan, ogé mangrupa papaés rohangan utamana di kantor-kantor atawa imah jalma beunghar.[2][3]

Thumb
Ajug damar tina kramik


Remove ads

Paribasa

Aya paribahasa élmu ajug, taya lian tumerapna ka jalma anu ngan bisa mapagahan kahadéan ka batur, tapi manéhna sorangan henteu ngajalankeun papatahna.[4] Dina kanyataan na ogé kitu caangna rohangan leuwih lega alatan ajug, henteu kungsi nyaangan ajugna anger waé ajugnamah kapoékan.[4]


Remove ads

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads