Alap-alap

spésiés manuk From Wikipedia, the free encyclopedia

Alap-alap
Remove ads

Alap-alap (Accipiter virgatus) téh manuk pamangsa ti kulawarga Accipitridae, sumebar di leuweung Asia kidul (Pakistan jeung India) nepi ka Cina kidul jeung Indonésia.[1] Nyayangna dina tangkal jangkung, sakali usum endogna 2-5 siki, ganti sayang unggal taun. Ieu manuk téh raptor ukuran sedeng (29–36 cm), jangjangna pondok tapi rada lébar sarta buntutna panjang nu ngadukung pikeun kalincahanana nalika hiber.

Fakta Singget Status konservasi, Klasifikasi ilmiah ...

Pangawakanna sagedé japati, sahandapeun heulang, bisa eureun hiberna di langit bari jang-jangna kikiplik nyidik-nyidik mangsana anu aya di handap.[2] Nalika usum halodo, alap-alap sok kaluar ti leuweung ka tegalan jeung pakebonan/pahumaan. Nu dimangsa bangsa kadal, papatong, manuk leutik, jeung mamalia leutik.

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads