Pakistan

From Wikipedia, the free encyclopedia

Pakistan
Remove ads

Pakistan (Basa Urdu: اسلامی جمہوریۂ پاکستان), ngaran resmina Républik Islam Pakistan nyaéta nagara républik di Asia Kidul, nu mangrupa tempat papanggihna wewengkon Asia Kidul jeung Asia Tengah sarta Wétan Tengah.[2][3] Nagara ieu mibanda 1,046 kilométer gari basisir sapanjang Sagara Arabia di béh kidul, diwawatesan ku Afganistan jeung Iran di béh kulon, India di béh wétan sarta Tiongkok jauh di béh wétan kaléreunana.[4]

Fakta Singget اسلامی جمہوریۂ پاکستانIslāmī Jumhūrīyah-e-PākistānRépublik Islam Pakistan, Kota panggedéna ...

Pakistan mangrupa nagara pangpadetna kagenep di dunya sarta mangrupa nagara mayoritas Islam nu kadua pangpadetna. Wewengkonna mangrupa bagéan India Britania samemeh dibagi-bagi sarta mibanda sajarah pakampungan jeung peradaban nu panjang salila Peradaban Léngkob Indus. lolobana tina wewengkon nu aya kiwari beunang ku Pérsia jeung Yunani dina Milénium ka-1 SM sarta diatur ku maranéhannana salila sawatara abad. Keur sesa sajarahna, wewengkon ieu mangrupa bagéan tina karajaan India nu lega atawa di sahadapeun pupuhu lokal atawa regional. Nu datang jeung ngawasana satuluyna aya urang Arab, Afganistan, Turki, Baloch jeung Mongol. Wewengkon ieu asup kana India Britania dina abad ka-19. Tii saprak merdika, nagara ieu geus ngalaman dua périodeu tumuwuhna militer jeung ekonomi nu penting, sarta périodeu nu henteu stabil, ku ayana kaluarna Pakistan Wétan (kiwari Bangladésh).

Remove ads

Tempo ogé

Wétan Tengah nu Agung

Rujukan

Rujukan tambahan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads