Angin

From Wikipedia, the free encyclopedia

Angin
Remove ads

Angin nyaéta pindahna hawa dina luar bumi nu ngésér ti daérah nu miboga témperatur handap ka daérah nu miboga témperatur luhur.[1] [2] [3][4] Angin téh tina ayana béda suhu di sababaraha tempat nu ngabalukarkeun robahna tekenan hawa disababaraha tempat ogé.[5] Tekenan hawa bakal naék mangsa suhu keur panas jeung bakal turun deui mangsa suhuna niisan, niupna hawa ti tempat panas ka tempat anu leuwih tiis disebut angin.[6] Niup tina daérah anu tekenan hawana luhur ka daérah anu tekenan hawana leuwih handap.[6]

Thumb
Gelebugna angin ditempo tina poto satelit
Thumb
Pieter Kluyver (1816–1900)

Pindahna hawa bisa dibédakeun kana tilu rupa :Adveksi hawa anu pindahna horizontal atawa datar ka gigir, konveksi hawa anu pindahna kaluhur atawa vertikal, jeung turbulensi anu hawa pindah ku alatan sabab musabab anu tangtu.[7] Dina météorologi, angin nu mindeng disebut dumasar kana kakuatanna,sarta ti mana angin téh niupna.[7] Angin bisa dimangpaatkeun pikeun ngahasilkeun Énergi.[6] Kayaning muihkeun kincir angin, alat anu dipaké piken muterkeun turbin pikeun ngahasilkeun listrik maké tanaga angin.[6] Angin ogé dimangpaatkeun pikeun pamayang indit katengah laut, kaperluan panalungtikan, olah raga, jeung réa-réa deui.[6]

Remove ads

Babasan

Aya babasan tina kecap angin; 'kuring geus meunang angin', hartina kuring geus meunang béja atawa kuring geus nyaho.[8]

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads