Araceae

From Wikipedia, the free encyclopedia

Araceae
Remove ads

Arum (kulawarga Araceae) nyaéta salah sahiji kulawarga tutuwuhan nu aya dina kelompok utama Angiospermae (Tutuwuhan kembangan).[1][2] Tutuwuhan Aracéae mangrupa Monokotil (Liliopsida), nu sabagian gedé anggotana mangrupa tutuwuhan tropis, sanajan aya pangecualian dina jack in the pulpit nu tumuwuh sacara lega di zona iklim sedeng.[3] Tutuwuhan Aracéae mangrupa tutuwuhan rhizomatous atawa hérba tuberous nu diwangun ku antara 110 marga jeung 1.800 spésiés.[4] Tutuwuhan ieu biasana miboga kalsium oksalat atawa raphides jeung umumna miboga susu geutah.[4] Wangun batang biasana galaredé, jeung miboga akar udara nu dagingan.[3] Daun sok dina wangun nu rupa-rupa jeung loba miboga lobus nu jalero.[3]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah ...
Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads