Surah At-Tin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Surah At Tin (Arab: التِّينِ, "Buah Tin") nyaéta surah ka-95 dina al Qur'an. Surah ieu diwangun ku 8 ayat sarta kaasup golongan surah Makkiyah. Surah ieu diturunkeun sanggeus surah Al Buruj. Ngaran at Tin dicokot ti kecap "at-tin" anu aya dina ayat kahiji surah ieu anu hartina buah tin.
Remove ads
Ringkasan eusi
Surah at Tin dimimitian ku sumpah Allah anu nyebutkeun buah Tin, buah Zaitun, Gunung Sinai, sarta Mekah (ayat 1 nepi ka 4). Ayat satuluyna ngécéskeun yén manusa diciptakeun dina wangun anu sahadé-hadna. Cacak kitu, manusa tungtungan baris dipulangkeun ka tempat anu panghandapna atawa panghinana lamun henteu ngajalankeun paréntah Alloh. Jelema anu baris salamet tina kahinaan nyaéta jelema anu iman sarta ngalakonan amal soléh sarta maranéhanana baris meunangkeun pahala anu mayeng. Ayat ka-7 ngécéskeun Muhammad nyaéta utusan Alloh, anu ajaranana henteu kaci disaléwéngkeun (basa Indonesia: didustakan). Ayat pamungkas nganyatakeun yén Alloh nyaéta "Hakim Anu Pangadilna".
Remove ads
Eusi jeung Tarjamah
Remove ads
Rujukan
Tumbu ka luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads