Babad

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Babad nyaéta carita nu patali jeung hiji patempatan atawa ilaharna mah karajaan nu dipercaya minangka sajarah. Numutkeun Kamus Umum Bahasa Sunda babad téh miboga harti dongéng anu ngandung unsur-unsur sajarah.[1] Sedengkeun Kamus Istilah Sastra dijéntrékeun yén babad téh mangrupa carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti muka éta wewengkon. Ari para ahli mah nyebutkeun babad téh carita anu memper sajarah atawa sajarah anu dibungbuan ku dongéng.[2] Patali jeung pangaruh Jawa, karéréaan babad ditulis dina wangun wawacan, upamana Babad Godog, Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Sumedang, jsb. Ditilik tina jihat sajarah, babad téh lain bukti nu bisa dijieun sumber sajarah, tapi sahenteuna bisa dipaké pikeun bahan babandingan dina ngulik sajarah. Biasana dianalisis heula kalawan kritis, nepi ka meunang hiji kacindekan. Ieu hal téh dilantarankeun eusi babad salian ti nyaritakeun hal-hal nu patali jeung sajarah, ogé réa pisan nyaritakeun hal-hal nu pamohalan, sipatna fiktif, saperti jalma bisa ngapung, jalma sakti, jsté, anu nyampak dina karya-karya sastra.

Remove ads

Dicutat tina

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads