Babarit
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Babarit nyaéta hajat nyalametkeun (salametan) lebur. Babarit ogé nunjul kana salametan pikeun anu keur kakandungan.[1] Carana, salembur nyangu kawas rék lebaran. Kayaning nyieun tumpeng jeung rupa-rupa bubur ketan. Dipingpin ku kokolot lembur, ngariung di hiji tempat, atawa ngajajar sisi jalan désa. Sanggeus kokolot lembur nyeungeut menyan, terus ménta-ménta ka karuhun, supaya lembur reujeung pangeusina dijaga tina rupa-rupa misibat.[2] Acara saterusna dahar balakecrakan disambi ku ngabagikeun rujak kanistrén.[2]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads