Baligo
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Baligo mangrupa tuwuhan anu ngareuy naék ka luhur nu ngahasilkeun buah anu kacida gedéna, dijadikeun sayuran. Buahna buluan mangsa ngora. Waktu asak, buluna leungit kaganti ku hiji palapis lilin. Buah baligo bisa tumuwuh nepi ka panjangna 2 méter. Mimitina ieu tuwuhan dibudidayakeun di Asia Tenggara, tapi kiwari bisa tumuwuh di Asia Wétan jeung Asia Kidul.[1]
Remove ads
Pamangpaatan
Di India Kalér jeung Pakistan, baligo dipaké pikeun nyieun peremén nu disebut Petha. Di India Kidul baligo dimangpaatkeun pikeun sayur kari. Kalan-kalan, buahna digunakeun pikeun ngahasilkeun inuman buah. Biasana diamisan ku gula.
Baligo merlukeun hawa haneut pikeun tumuwuh. Buah baligo bisa disimpen nepi ka waktu 12 bulan.
Tempo ogé
Tumbu ka luar
- PROTAbase on Benincasia hispida
- Multilingual taxonomic information from the University of Melbourne
- Benincasa hispida
- Benincasa hispida Archived 2011-10-28 di Wayback Machine Click on Benincasa in the list on the lower left.
Galeri
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
