Baso
salah sahiji katuangan ti Indonésia anu dijieun tina daging sapi terus di buleudkeun. From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Baso mangrupa angeun nu dibukuran emih atawa mihun maké daging baruleud sagedé-gedé kaléci[1]. Baso téh asalna ti Tiongkok.[1] Baso miboga bahan dasar daging nu dicincang tuluy dicampurkeun jeung aci.[2] Biasana dipidangkeun maké saos, kécap, jeung sambel.[3] Baso téh mangrupa salah sahiji kadaharan nu ngandung protein.[2] Baso dipikaresep pisan ku balaréa, utamana mah ku awéwé, ku sabab baso nu maké saos, sambel jeung kécap kacida segerna.[3] Baso biasana dijual maké gorobag surung atawa aya ogé ditempat nu matuh.[3] Hargana kahontal ku balaréa, ku sabab kitu baso téh geus jadi kadaharan sapopoé masarakat Indonésia.[3]

Remove ads
Cara nyieun
Pikeun nyieun baso téh, sadiakeun bahan-baanna, saperti daging sapi, tipung aci, baking soda, jeung endog katut ditambahan es batu[3]. Pikeun bungbuna, lemeskeun bawang beureum, bawang bodas, uyah jeung pécin saperluna nepi ka karasa pas, gumantung kana kahayang, bisa ogé ditambahan pedes saperluna.[3]
Prak-prakan nyieun basona mah, campurkeun daging sapi, tipung aci jeung baking soda, endog sarta bungbu anu geus dilemeskeun, tuluy giling nepi ka lemes, bari ngagiling tambahan ku és batu saeutik-saeutik nepi kalemes tuluy rawatan.[3] Taheurkeun cai dina panci nepi ka ngagolak, tuluy adonan baso nu tadi dibuleud-buleudkeun sakahayang tuluy asupkeun kana cai anu ngagolak téa, tungguan nepi ka basona ngararambang tuluy jait, tiiskeun.[3] Bahan-bahan pikeun ngabungbuan cai basona nyaéta cai saperluna (ci kaldu tulang sapi),1 sdt pedes, bawang bodas, pécin, uyah saperluna.[3] Kabéh bahan-bahan nu tadi dilemeskeun tuluy tumis maké minyak saeutik nepi ka seungit tuluy tambahkeun ka cai atawa kaldu sapi anu geus ngagolak saméméhna pamungkas asupkeun baso[3]. Sabada éta siapkeun mangkok sarta mie konéng, soun atawa bihun, sosin tuluy asupkeun baso jeung caina, tong poho tambahan ku saos,kecap jeung sambel[3]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
