Bihun

From Wikipedia, the free encyclopedia

Bihun
Remove ads

Bihun atawa mihun mangrupa ngaran salah sahiji jinis kadahareun ti Tiongkok, bentukna saperti emih tapi leuwih ipis.[1] Lamun bahasa Inggris disebut rice vermicelli atawa rice noodles jeung rice sticks. Bihun asalna tina bahasa Tionghoa, nyaéta Bi artina béas jeung hun artina tipung.[1] Bahan baku bihun tina tipung béas ngaliwatan prosés ekstrusi.[1] Kadahareun ieu kasohor ti nagara Cina jeung Asia Selatan, saperti India.[1]

Fakta Singget Alih aksara ...
Remove ads

Bédana bihun jeung soun

Bihun dijieuna tina tipung béas sedengkeun soun tina sari kacang héjo.[2] Warna bihun mah kuleuheu sedengkeun soun mah hérang.[2] Teksturna bihun mah rada korodok ari soun mah leueur.[2] Lembaran bihun babari potong sedengkeun soun mah kuat jeung liat.[2] Cara ngaleuleuskeun bihun mah leuwih lila dibandingkeun soun, ilahrna bihun mah 20 menit sedengkeun soun mah 10 menit.[2]

Bahan nyieun bihun

Bahan baku bihun aya dua nyaéta bahan abku utama jeung tambahan.[3] Bahn utama nyaéta béas (tipung béas).[3] Baés anu cocog pikeun nyieun bihun nyaéta béas pera, saperti PB 5, PB 36, PB 42, IR 26, IR 36, Seméru, Asahan, béas Hongkong, béas Siam, béas Birma.[3] Sedengkeun bahan tambahan nyaéta cai, tawas, sodium bisulfit.[3]

catetan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads