Benggala

From Wikipedia, the free encyclopedia

Benggalamap
Remove ads

Benggala (Basa Benggala: বাংলা Bangla , Basa Benggala: বঙ্গ Bôngo) nyaéta wewengkon heubeul jeung géografis di beulah wétan Anakbuana India di juru Teluk Benggala. Kiwari, lolobanawewengkonna aya dina kakawasaan Républik Rahayat Bangladés (baheulana Benggala Wétan / Pakistan Wétan) sarta nagara bagian India,Benggala Kulon. Sababaraha wewengkon lian tina wewengkon karajaan-karajaan Benggala (nalika masa kakawasaan karajaan lokal jeung Kakaisaran Britania) ayeuna aya di nagara bagian Bihar, Jharkhand, Assam, Tripura, jeung Orissa di India. Mayoritas wewengkon Benggala dieusian ku Urang Benggala (বাঙালি Bangali) nu nyaturkan Basa Benggala (বাংলা Bangla).

Benggala
Thumb
Peta wewengkon Benggala: Benggala Kulon, Tripura, jeung Bangladés
Kota-kota garedé[1] Kolkata (Calcutta)
23.34°N 88.22°E / 23.34; 88.22 (Kolkata)
Dhaka
23.42°N 90.22°E / 23.42; 90.22 (Dhaka)
Basa utama Basa Benggala (Bangla)
Aréa 232.752 km² 
Populasi (2001) 245.598.679[2][3]
Kapadetan populasi 951,3/km²[2][3]
Tingkat maotna orok 55,91 per 1000 kalahiran suksés[4][5]
Ramatloka westbengal.gov.in ; bangladesh.gov.bd

Wewengkon Benggala mangrupa salah sahiji wewengkon anu pangpadetna sadunya, kalawan tingkat kapadetan populasi langkung ti 900 jiwa/km². Sabagian wewengkon Benggala aya dina Délta GanggaBrahmaputra atanapi Délta Gangga. Di beulah kidulna délta éta aya Sundarbansleuweung babakoan nu panggedéna sadunya sarta habitat lodaya Benggala.

Remove ads

Galeri

Tingali ogé

Portal Portal Portal Portal
Ikon portal Portal Benggala
  • Sajarah Benggala
  • Gubernur Benggala
  • Sajarah India
  • Bangladés
  • Urang Benggala
  • Bangal jeung Ghoti
  • Daptar inohong Benggala
  • Basa Benggala
  • Kulinér Benggala
  • Musik Bangladés
  • Musik Benggala
  • Perpileman Benggala
  • Benggala Wétan
  • Benggala Kulon
  • Arsitéktur Benggala

Catetan jeung rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads