Basa Benggala

From Wikipedia, the free encyclopedia

Basa Benggala
Remove ads

Basa Benggala (বাংলা Bangla [ˈbaŋla] ( dangukeun)) nyaéta hiji basa ti rungkun basa Indo-Arya. Basa ieu téh basa pribumi ti wewengkon di beulah wétan Asia Kidul nu kawanoh salaku Benggala, anu ngawengku wewengkon Bangladés, nagara bagian Benggala Kulon di India, sarta sabagian tina nagara bagian Tripura jeung Assam, ogé di India. Basa Benggala ditulis maké Aksara Benggala. Kalawan kirang langkungna 193 yuta panyatur tulén sarta +230 yuta panyatur,[1] Basa Benggala mangrupa salah sahiji ti basa kalawan panglobana panyaturna sadunya (réngking ka-6[2]).

Fakta Singget বাংলা Bangla, Dipaké di ...

Bareng jeung basa Indo-Arya Wétan lianna, Basa Benggala aya saprak kira-kira taun 1000–1200 M tina dialékIndo-Arya Tengah saperti Magadhi Prakrit jeung Pali, nu mana tumuwuh tina dialék nu deukeut jeung Sangsakarta Weda jeung Klasik.[3] Kekecapan Basa Benggala nunjukkeun panginjeuman kecap tina Basa Sangsakarta Klasik, éjahanna tetep nanging lapalna robah, nalika jaman Benggala Tengah jeung Rénaisans Benggala. Wangun lisan Basa Benggala kiwari kasusun dina abad ka-19 sarta dumasarna dina dialék nu diapaké di wewengkon Nadia, hiji dialék Benggala kulon-tengah. Ayeuna, wangun lisan jeung dialék Basa Benggala ngarah tina basa utama nu dipaké di Bangladés jeung basa nu pangumumna dipaké kadua di India.[4][5]

Thumb
Rabindranath Tagore
Remove ads

Tingali ogé

Portal Portal Portal Portal
Ikon portal Portal Benggala

Citakan:Bengali language topics Citakan:Languages of India Citakan:Indo-Iranian languages

Cateetan jeung rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads