Beubeur

From Wikipedia, the free encyclopedia

Beubeur
Remove ads

Beubeur nyaéta papakéan tina lawon nu dibeulitkeun sababaraha beulit kana cangkéng pikeun mageuhan samping atawa sarung nu keur dipaké supaya ulah morosot.[1][2] Basa lemesna beulitan.[2] [1][3]

Thumb
Beubeur

Sajarah Beubeur

Thumb

Sajarah beubeur nyaéta ti taun 300 SM, di mana manusa mimiti nambangan logam mulia.[4] Nalika éta beubeur téh miboga pungsi pikeun pakakas dibandingkeunn fashion item jeung lolobana dipaké ku lalaki.[4] Ku sabab geus didokuméntasikeun pikeun lalaki di mimiti jaman Perunggu.[5] Di dunia barat, beubeur umumna dipaké keur lalaki, iwal awal abad patengahan akhir abad ka-17.[5] Mantua jeung erok atawa blus kombinasi antara taun 1900 jeung 1910.[5] Art Nouveau gesper beubeur kolektor item.[5] Dina périodeu paruh kadua abad ka-19 nepi ka Perang Dunia kahiji, beubeur nyaéta bagian dekoratif sarta utilitarian saragam, hususna di kalangan perwira.[5] Dina Angkatan Dalam bersenjata Prusia, Tsar Rusia, jeung nagara-nagara Éropa Timur, hal éta biasa pikeun pejabat pikeun maké kalayan ketat, beubeur lébarna disakuliling cangkéng, di luareun saragam.[5] Mimiti beubeur ngeuyeuban di dunia mode nyaéta mimitina abad patengahan éta gé fashion item pikeun lalaki.[4] Beubeur mimitina icikibung dina fashion awéwé dwanita pada éra peperangan di patengahan abad ka-19, di mana awéwé mimiti maké saragam militer.[4] Di Éropa jeung Amérika, beubeur téh dipakéna di beulah tengahna cangkéng.[4] Sedengkeun para prajurit jeung patugas administratif, beubeur anu dipakéna saeutik di handapeun cangkéng.[5] Satuluyna beubeur téh jadi ngalogoran dipakéna dibeulah pinggung dipercaya aya panagaruh para hippies jeung jadi trén dina éra 70-an.[4] Kitu ogé aya variasi buckle ekle.[4] ktik anu ngajadikeun beubeur pikeun salah sahiji must-have-item pikeun awéwé.[4] Lain ngan bahanan anu tina kulit, beubeur terus mekar nepi ka tina bentuk, ukuran, jeung makéna bahan saperti lawon, ranté logam, tali ipis, nepi ka bentuk beubeur saperti korsét.[4]

Remove ads

Beubeur jaman Kiwari

Abad ka-19 beubeur ngeuyeuban dunia fashion item anu nyirikeun maskulinitas.[4] Ngan ayeuna mah beubeur téh jadi produk mode linta gender jeung mangrupa salah sahiji must-have-item hususna awéwé.[4] Beubeur dipakéna dina handapeun dada saperti obi, aya ogé anu dina cangkéng.[4] Trén 2011, beubeur henteu gedé saperti ikat jiga dina taun 2010, tapi dina trén taun ieu leuwih ipis jeung leiwih panjang.[4] Sedengkeun di DKNY, beubeur jdi diménsi anu ngeuyeuban monokromatik.[4] Anapon di label highstreet Topshop jeung J.Crew, beubeur ipis dina pelet méré mamanis anu aya chic anu bisa katingalina kasual.[4] Phoebe Roberts, éditor situs vogue.co.uk ngébréhkeun yén beubeur anu tina kulit miboga ukuran anu ipis mangrupa must-have-item pikeun taun 2011.[4]

Remove ads

Catetan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads