Cacarakan

Aksara Carakan anu kungsi dipaké ku urang Sunda From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Cacarakan nyaéta salah sahiji jinis aksara Jawa anu kungsi dipaké di Tatar Sunda (Jawa Kulon & Banten).[1] Jinis aksara kawas kieu kungsi digunakeun pikeun nulis basa Sunda saprak mimiti abad ka-16 nepi ka mimiti abad 20 atawa kira-kira salila 4 abad.[2]

Fakta Singget Aksara Sunda Cacarakan ꦄꦏ꧀ꦱꦫꦱꦸꦤ꧀ꦝꦕꦕꦫꦏꦤ꧀, Jenis aksara ...
Remove ads

Etimologi jeung Pangaranan

Dina basa Sunda Cacarakan mibanda harti "niron aksara Carakan/Jawa". Tina juru sawang tata basa Sunda Istilah "cacarakan" kawangun tina kecap dasar "caraka" anu ngalaman prosés réduplikasi kalawan dwipurwa anu ditambah tungtungan -an.[3]

Pangaranan aksara ieu beuki lila robah panyebutanna bareng jeung lobana pamakéan aksara ieu di Tatar Sunda, anu matak aksara ieu disebut ogé minangka aksara Sunda, pangaranan ini mimiti disebut dina buku jieunan G.J Grashuis anu judulna "Handleiding voor Aanleren van het Soendaneesch Letterschrift" (Buku Panunjuk pikeun Diajar Aksara Sunda) anu eusina ngeunaan papagon pikeun nuliskeun basa Sunda maké aksara Cacarakan anu dipedarkeun taun 1860.[4]

Remove ads

Tempo ogé

  • Aksara Nusantara
  • Abjad Pegon

Référénsi

  • Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Direktori Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Dinas Pendidikan Pemprov Jawa Barat.
  • Mulyana, Nana dkk. 2008. Katalog Naskah Kuno Museum Negeri Sri Baduga. Bandung: Balai Pengelolaan Museum Sri Baduga.

Cutatan suku

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads