Cakcak

From Wikipedia, the free encyclopedia

Cakcak
Remove ads

Cakcak nyaéta kadal anggota tina kulawarga Gekkonidae, ukuranna kawilang leutik-sedeng, hirup di wewengkon iklim haneut di sakuliah dunya. Teu ilahar jeung bangsa kadal lianna, cakcak mah sok disada dina interaksi jeung cakcak lianna. Kaistiméwaan lianna nyaéta kamampuhna pikeun napak dina bahan vértikal nu lemes. Di wewengkon iklim haneut mah cakcak téh dalit pisan dina kahirupan manusa sapopoé, sabab sok aya di lingkungan jero paimahan, komo ku sipatna nu sok ngahakan serangga nu sok ngaganggu (misalna reungit).

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Subfamili ...

Kalolobaan cakcak kelirna coklat semu kulawu kolot, pola dina kulitna lemes, sarta katénjona geunyal. Sababaraha spésiés bisa ngarobah kelir awakna sangkan luyu jeung sakurilingna atawa ku ayana béda suhu. Tapi, anu séjéna malah bisa robah leuwih moronyoy.

Aya sababaraha spésiés cakcak nu parténogenik, bikangna bisa endogan tanpa kudu jalangan jeung jalu.

Dina kaélmuan, nu jadi béntangna téh nyaéta dampal sukuna, sabab bisa napel kana rupa-rupa bahan tanpa maké cairan atawa tegangan beungeut cai.

Remove ads

Spésiés cakcak nu ilahar

  • Cakcak emas, Gekko ulikovski
  • Cakcak imah, Hemidactylus frenatus—spésiés nu ilahar aya di lingkungan paimahan, sumebar di wewengkon tropis jeung subtropis.
  • Cakcak Indo-Pasifik, Hemidactylus garnoti—ogé katelah cakcak careuh (fox gecko) ku sabab sungutna panjang kawas careuh. Spésiés ieu aya di paimahan di wewengkon tropis.
  • Cakcak Méditerania, Hemidactylus turcicus—aya nu hirup di paimahan, aya ogé nu liar.
  • Cakcak leopard, Eublepharis macularius —spésiés nu panglobana dikukut, sigana mah ku sabab teu bisaeun naék mun diteundeun dina wadah kaca.
Remove ads

Sumber rujukan

  • Gecko, Wikipédia édisi basa Inggris per 23 Pébruari 2006.

Tumbu kaluar


Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads