Fiji

From Wikipedia, the free encyclopedia

Fijimap
Remove ads

Fiji (/ˈfiːdʒiː/ ( dangukeun); basa Fiji: Viti; basa Hindi Fiji: फ़िजी), resmina Républik Fiji[6] (basa Fiji: Matanitu ko Viti; basa Hindi Fiji: फ़िजी गणराज्य[7] Fijī Gaṇarājya), mangrupa hiji nagara kapuloan di Mélanesia di Samudra Pasifik kidul, kira-kira 1,100 nautical miles (2,000 km; 1,300 mi) kalér-wétaneun Pulo Kalér Selandia Anyar. Tatanggina nu pangdeukeutna nyaéta Vanuatu di kulon, Kaledonia Anyar Perancis di kidul-kulon, Kapuloan Kermadec Selandia Anyar di kidul-wétan, Tonga di wétan, Samoa, Wallis jeung Futuna Perancis di kalér-wétan jeung Tuvalu di kalér.

Fakta Singget Matanitu ko VitiFijī Ganarājyaफ़िजी गणराज्य Republic of FijiRépublik Fiji, Basa resmi ...

Kalobaannana kapuloan Fiji diwangun tina aktivitas vulkanis nu dimimitian kira-kira 150 juta taun baheula. Ayeuna, sababaraha aktivitas géotérmal masih aya dina kapuloan Vanua Levu jeung Taveuni.[8] Fiji geus didumukan ti milénium kadua SM. Nagara ieu diwangun ti hiji kapuloan nu miboga leuwih ti 332 pulo, nu mana 110 didumukan permanén, jeung leuwih ti 500 pulo leutik. Dua pulo utama, Viti Levu jeung Vanua Levu, miboga 87% ti populasi nu ampir nepi ka 850.000. Ibu kotana nyaéta Suva. Kalobaannana urang Fiji cicing di basisir Viti Levu, boh di Suva atawa padumukan nu lian. Bagian jero Viti Levu jarang dicicingan ku lantaran daratanna.[9]

Dina abad ka-17 jeung ka-18, Walanda jeung Britania ngajelajah Fiji.[10] Fiji mangrupa hiji koloni Britiania nepi ka 1970; panjajahan Britania aya méh hiji abad.[11] Ku lantaran lobana leuweung, mineral, jeung sumber lauk, Fiji mangrupa salah sahiji nu ékonomina pangmekarna di wewengkon kapuloan Pasifik. Kiwari, sumber utama dévisa nyaéta industri pelesir jeung ékspor gula.[12] Mata uang nagara ieu nyaéta Dolar Fiji.

Fiji miboga hiji sistem pamaréntahan lokal nu mana déwan dayeuh jeung kota aya dina kawasa umum Kamentrian Pamaréntahan Lokal jeung Pamekaran Kota.[13] Présidén Ratu Epeli Nailatikau minangka présidén Fiji, sanggeus hiji mahkamah luhur maréntah yén kapamingpinan militér ditetepkeun tampa hukum sanggeus kudéta 2006.[14] Dina Perang Dunya II, Britania Raya ngidinkeun raloba urang Fiji nulungan Sakutu liwat panunggalanna sareng tentara Selandia Anyar jeung Australia. Angkatan Pakarang Républik Fiji (RFMF), diwangun ti unit darat jeung laut.

Remove ads

Babagian administratif

 Artikel utama: Pamaréntahan Lokal Fiji.
Thumb
Peta babagian Fiji.

Fiji dibagi kana Opat Divisi Mayor:

  • Tengah
  • Wétan
  • Kalér
  • Kulon

Divisi-divisi ieu dibagi deui kana 14 propinsi:

  • Ba
  • Bua
  • Cakaudrove
  • Kadavu
  • Lau
  • Lomaiviti
  • Macuata
  • Nadroga-Navosa
  • Naitasiri
  • Namosi
  • Ra
  • Rewa
  • Serua
  • Tailevu

Fiji dibagi ogé kana 3 Konféderasi Pamaréntahan dina rézim Cakobau, sanajan teu dianggap salaku babagian politis, tapi tetep penting dina babagian sosial:

  • Konféderasi Burebasaga
  • Konféderasi Kubuna
  • Konféderasi Tovata
Remove ads

Tempo ogé

  • Layanan Météorologi Fiji
  • Hubungan luar nagri Fiji
  • Daptar inohong Fiji
  • Militér Fiji
  • Télékomunikasi Fiji

Catetan suku

Réferénsi

Pustaka

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads