Pilipina (basa Pilipina: Pilipinas), ngaran resmina Républik Pilipina (Republika ng Pilipinas; RP), nyaéta hiji nagara kapuloan nu perenahna di Asia Tenggara, ibu kotana Manila. Kapuloan Pilipina ngawengku 7,107 pulo-pulo di Samudra Pasifik béh kulon. Pilipina mangrupa nagara pangpadetna ka-12 sadunya,[3] Ekonomi nasionalna ka-45 sadunya kalayan gross domestic product (GDP) taun 2006 leuwih ti US$117 miliar.[3]
Ieu artikel eusina ngeunaan nagara di Asia Tenggara.Pikeun kota di Walanda mah, tempo Pilipina (Walanda).
Fakta Singget Republika ng PilipinasRepublik Pilipina, Kota panggedéna ...
Republika ng Pilipinas
Republik Pilipina
Motto Maka-Diyos, Makatao, Makakalikasan, at Makabansa (English: "For God, People, Nature, and Country")
Spanish and Arabic are promoted on an optional and voluntary basis.
2
Rankings above were taken from associated Wikipedia pages as of December, 2007, and may be based on data or data sources other than those appearing here.
Tutup
Urang Pilipina lolobananana turunan urang Austronesia, tapi aya ogé minoritas urang Amérika, Arab, Cina, Hispanik jeung India.[6][7][8] Aya leuwih ti 11 juta urang Pilipina di luar nagri sadunya, kurang leuwih 11% tina total populasi urang Pilipina.[rujukan?]
Pilipina jadi jajahan Spanyol dina abad ka-16, tuluy jadi jajahan AS sanggeusna Perang Spanyol-Amerika jeung Perang Pilipina-Amérika. Pilipina boga loba sasaruanana jeung dunya Kulon, nu utamana asalna tina budaya Spanyol, Amérika Latén, jeung Amérika Sarikat. Katolik Roma jadi ageman nu dominan, sok sanajan aya ogé prakték ageman pribumi pra-Hispanik katut Islam. Dua basa resmi Pilipina nyaéta basa Filipino, nu dumasar kana basa Tagalog, jeung basa Inggris.