Gabon
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Gabon (palapalan basa Perancis: [ɡabɔ̃]), resmina Républik Gabon (Basa Prancis: République Gabonaise) mangrupa hiji nagara di Afrika tengah kulon, tepung wates jeung Guinea Khatulistiwa di kalér-kulon, Kamerun di kalér, sarta jeung Républik Kongo dina wétan jeung kidul. Teluk Guinea, hiji bagian ti Samudra Atlantik, aya di kulon. Ibu kota jeung kota panggedéna nyaéta Libreville.
Ti kamerdikaanna ti Perancis dina 17 Agustus 1960, Gabon geus diluluguan ku 3 présidén. Di awal 1990-an, Gabon maké sistem multi-partéy jeung hiji konstitusi démokrasi anyar nu ngidinkeun hiji prosés pamilihan nu leuwih transparan jeung ngarobih raloba institusi pamaréntahan. Gabon ogé jadi salah sahiji anggota non-permanén Déwan Kaamanan Pasarikatan Bangsa-Banga pikeun wayah 2010-2011. Kapadetan populasi nu saeutik bareng jeung sumber daya alam nu loba sarta invéstasi swasta asing geus nulungan Gabon jadi salah sahiji nagara pangmakmurna di Afrika Sub-Sahara, kalawan HDI nu pangluhurna kaopat[4] jeung GDP per kapita (PPP) nu panggedéna katilu (sanggeus Gunea Khatulistiwa jeung Botswana) di wewengkonna.
Remove ads
Propinsi jeung Departemén
- Artikel utama: Propinsi di Gabon, Departemén di Gabon
Gabon dibagi kana 9 propinsi jeung saterasna dibagi deui kana 37 departemén.
Propinsi-propinsina nyaéta:
- Estuaire
- Haut-Ogooué
- Moyen-Ogooué
- Ngounié
- Nyanga
- Ogooué-Ivindo
- Ogooué-Lolo
- Ogooué-Maritime
- Woleu-Ntem
Tempo ogé
- Transportasi di Gabon
Réferénsi
Bacaan salajengna
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

