Kamerun

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kamerun
Remove ads

Kamerun, resmina Républik Kamerun (Basa Prancis: République du Cameroun), mangrupa hiji nagara di Afrika Tengah kulon. Nagara ieu tepung wates jeung Nigeria di kulon; Chad di kalér-wétan; Républik Afrika Tengah di wétan; sarta Guinéa Khatulistiwa, Gabon, jeung Républik Kongo di kidul. Basisirna Kamerun wawatesan jeung Teluk Bonny, bagian ti Teluk Guinéa jeung Samudra Atlantik. Nagara ieu kalandi "Miniatur Afrika" pikeun bébéda géologis jeung kabudayaanna. Objék alami saperti basisir, sagara, gunung, leuweung hujan, jeung savana. Titik nu pangluhurna nyaéta Gunung Kamerun di beulah kidul-kulon, sarta kota panggedéna nyaéta Douala, Yaoundé, jeung Garoua. Kamrun miboga leuwih ti 200 grup basa nu bébéda. Nagara ieu katelah tina gaya musik aslina, utamina makossa jeung bikutsi, sarta tina tim maén bal nasionalna nu suksés. Basa Perancis jeung Basa Inggris mangrupa basa resmi.

Fakta Singget République du CamerounRépublik Kamerun, Kota panggedéna ...

Padumuk awal ti wewengkon ieu kaasup Paadaban Sao di sabundereun Dano Chad jeung pamoro-pangumpul Baka dina leuweung hujan tenggara. Panjelajah Portugis nepi ka basisirna dina abad ka-15 jeung méré ngaran wewengkon éta Rio dos Camarões ("Walungan Hurang"), ngaran ti mana dibeunangkeun ngaran Kamerun. Tentara Fula[5] ngadegkeun Emirat Adamawa di beulah kalér dina abad ka-19, jeung rupa-rupa grup étnis ti kulon jeung kalér-kulon ngadegkeun séké-séké jeung kafonan. Kamerun jadi jajahan Jérman dina 1884.

Sanggeus Perand Dunya I, wewengkon ieu dibagi antara Perancis jeung Britania salaku mandat Liga Bangsa-Bangsa. Partéy pulitik Union des Populations du Cameroun ngadukung kamerdikaan tapi teu disahkeun ku Perancis dina 1950-an. Dina 1960, Perancis ngadministradi sabagian Kamerun jadi merdika salaku Républik Kamerun dina Présidén Ahmadou Ahidjo. Bagian kidulna, Kamerun Britania, ngagabung dina 1961 pikeun ngawangun Républik Féderal Kamerun. Nagara ieu diganti ngaranna kana Républik Kahijian Kamerun dina 1972 sarta teras Républik Kamerun dina 1984.

Dibandingkeun nagara Afrika lianna, Kamerun miboga stabilitas pulitis jeung sosial nu rélatif luhur. Hal ieu ngidinkeun kamekaran tatanén, jalan, rél, jeung industri ageung minyak bumi sarta kai. Tapi, raloba urang Kamerun anu miskin salaku patani. Kakawasaan aya dina présidén otoritér ti 1982, Paul Biya, jeung partéyna, Pagerakan Démokratik Urang Kamerun.

Remove ads

Région

Artikel utama: Région di Kamerun, Divisi Kamerun
Thumb
Kamerun dibagi kana 10 région.

Konstitusi ngabagi Kamerun kana 10 région semi-otonom, masing-masing dina administrasi Déwan Régional. Dekrét présidénsial 12 Nopémber 2008 resmi nyarankeun parobihan ti propinsi ka région.[6] Région-régionna dibagi deui kana (total) 58 divisi (départements). Divisi-divisina salajengna dibagi deui kana sub-divisi (arrondissements).

Remove ads

Tempo ogé

Catetan

Réferénsi

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads