Garu

From Wikipedia, the free encyclopedia

Garu
Remove ads

Garu nyaéta parabot tukang tani anu siga wuluku maké papan malang nu di handapna dihuntuan ku kai, ditarikna ku munding.[1] Garu gunana pikeun ngaratakeun leutak bari sakalian ngumpulkeun jukut di sawah nu beunang ngawuluku.[1] Ngaguguntur balong nu loba leutakna sok maké garu anu teu maké huntu bari disedekkeun ka lebah kuluwung.[1] Garu kitu potonganana leutik sarta ditarikna ku leungeun.[1] Garu huntuan sok disebut ogé garu rénténg.[1]

Thumb
Ngagaru sawah
Remove ads

Babagian

  • Huntu garu dijieunna tina ruyung atawa beusi anu nyocog dina garu, wangunna kawas sisir.[2]
  • cagak nyaéta panahan cacadan anu luhur, paranti diiuk tukang munding.[2]
  • Kokolécéran nyaéta kai nu dipaké mageuhan cacadan anu luhur.[2]
  • Cacadan nyaéta awi nu nyodor ka hareup, anu dipaké narik garu.[2]
  • Pamélét nyaéta awi paranti ngaratakeun taneuh lamun geus lembut.[2]

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads