Huntu
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Huntu mangrupa wangun anu aya dina rahang/caréham lolobana vertebrata. Guna huntu anu utama nyaéta pikeun nyewir/nyoéh jeung ngagayem dahareun, sarta, di sababaraha sato hususna karnivora, pikeun jogol atawa mertahankeun hirup. [1]

Huntu téh kaasup salah sahiji ciri pangbéda pikeun -spésiés mamalia katut fosilna. Para ahli paléontologi ngagunakeun huntu pikeun nangtukeun spésiés fosil katut pancakakina, ku sabab bentuk huntu mah luyu jeung kadaharan mangkelukna. Pikeun conto, dahareun tina tutuwuhan mah hésé dicerna, ku kituna hérbivora boga loba geraham pikeun ngagayem. Sabalikna, karnivora nu kadaharanana daging butuh sihung pikeun maéhan jeung nyewiran daging.
Béda jeung manusa nu huntuna mekar jadi dua pasang sapanjang hirupna (diphyodont), sasatoan mah aya nu monophyodont, aya ogé anu polyphyodont. Hiu, pikeun conto, huntuna téh jadi unggal dua minggu. Béda deui jeung sato pangokos, huntu sato golongan ieu mah huntuna terus-terusan tumuwuh, antukna kudu salawasna dipaké ngokosan.
Remove ads
Huntu manusa

Manusa kaasup diphyodont, nu hartina ngalaman dua hambalan kamekaran huntu sapanjang hirupna. Sét kahiji (huntu "susu" atawa "primér") ilaharna mah mimiti bijil dina umur genep bulan, najan aya ogé nu geus katémbong huntuna ti saprak dibabarkeun Huntu susu ieu lobana dua puluh nu sumebar rata sapanjang kuadran baham. Unggal kuadran lima huntu mibanda:
- central incisor
- lateral incisor
- cuspid (canine)
- molar kahiji
- molar kadua
Remove ads
Kamekaran huntu
Aya tilu hambalan dina kamekaran émbrionik huntu: Hambalan Bud, Hambalan Cap, jeung Hambalan Bell. Hambalan Bud dimimitian dina minggu katujuh kahirupan jero kandungan.
Kanyataan ngeunaan huntu sasatoan

- Huntu séri rodénsia terus tumuwuh sapanjang hirupna.
- Huntu répril jeung hiu terus-terusan ganti; buhaya ganti huntu leuwih ti opat puluh kali sapanjang hirupna.
- Gading gajah mangrupa huntu husus pikeun ngali dahareun jeung tarung.
- Kuya jeung penyu mah teu huntuan.
- Huntu kuda bisa dipaké pikeun ngira-ngira umur satona.
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
