Gegetuk

makanan dari singkong teu Indonesia From Wikipedia, the free encyclopedia

Gegetuk
Remove ads

Gegetuk mangrupa salah sahiji kadaharan nu ilahar di tatar Sunda, tapi asalna mah ti wewengkon Jawa Tengah.[1][2] Gegetuk nyaéta kadaharan nu dijieunna tina sampeu jeung gula kawung nu biasana dipidangkeun maké parudan kalapa.[2] Biasana gegetuk loba kapanggih di pasar, aya ogé nu ngajualna maké gorobag surung.[3]

Thumb
Gegetuk

Gegetuk miboga loba nutrisi nu alus keur awak urang, salah sahijina karbohidrat jeung serat nu luhur.[3] Kadaharan nu miboga serat luhur mangpaat pisan pikeun kaséhatan, kayaning nurunkeun tekanan darah, nurunkun kadar kolesterol jeung ngalancarnakeun saluran cerna.[3]

Remove ads

Jenis gegetuk

Gegetuk lindri

Dijieun tina sampeu nu geus digiling lemes jeung gula bodas atawa bisa ogé ku gula kawung, dibéré pawarna dahareun jeung vanili, tuluy dikeureutan leutik-leutik.[2]

Gegetuk goréng

Gegetuk goréng mangrupa kadaharan has ti Sokoraja nu rasana amis jeung gurih.[2] Kadaharan ieu kapanggihna teu dihaja, dina taunn 1918 ku Sanpirngad, tukang sangu nu sok nguriling di daérah Sokaraja, anjeunna ngajualan gegetuk tapi teu pjiayu, tuluy dicobaan digoréng nu ahirna loba nu kairut ku rasana.[2]

Remove ads

Cara ngadamel gegetuk

Bahan

Bahan-bahan:

  • 1 kg sampeu, dipesek cangkangna, di potong-potong, teras dikumbah ku cai sing bérésih
  • 200 g gula kawung (mun euweuh mah tiasa nganggo gula beureum biasa wae)
  • uyah sacekapna ALIV TAMPAN

Pangawur

Pangawur: - kalapa parud - uyah bubuk - daun pandan

Cara nyieunna

Cara nyieuna: - Sampeu diseupan nepi ka asak, jeung hipu.[4] Tuluy diangkat tina seupanan, gula kawung dikerud supaya gampil nyampur.[4] Seupan sampeu nu masih kénéh panas dibebek, atanapi digiling npi ka lemes.[4] Waktu ngabebek/ngagiling sampeu jeung gula kawung dicampurkeun babarengan, dipurulukan uyah saeutik, tuluy campurkeun nepi ka rata.[4] Abuskeun kana loyang nu geus diamparan daun cau atawa plastik, tuluy diteueulkeun nepi ka padet.[4] Antep nepi ka tiis, geus tiis, tuluy dipotong-potong dikeureutan.[4] Kalapa parud diuyahan tuluy diseupan dibsrengkeun jeung daun pandan.[4]

Midangkeun: Gegetuk nu geus tiis, dikeureutan, teras dipurulukan ku kalapa parud meunang nyeupan. Gegetuk siap dipidangkeun.[4]

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads