Golodog
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Golodog nyaéta bagéan tina imah anu perenahna aya di hareupeun panto ka rohangan tepas jeung tengah imah.[1][2] Golodog ilaharna dijieun tina tangkal awi (beunang meulah atawa awi golondongan) bisa ogé tina papan kai.[3] Golodog disebut ogé babancik atawa papanggé.[4][5]

Pedaran
Golodog wangunna kawas bangku, aya ogé golodog anu maké undakan (panécéan) lobana undakan henteu leuwih ti tilu undak.[3] Utamana imah-imah anu mibanda kolong jangkung.[6] Golodog méh sarupa jeung panécéan imah étnik urang Batawi.[7]Di Batawi mah disebutna balak suji bahana dijieun tina papan kai.[7] Balak hartina cilaka sedengkeun suji hartina pangiuhan jadi balak suji téh bisa di hartikeun tempat ngiuhan jeung nolak bala (cilaka).[7] Dina wangun imah adat Sunda, umpama ditempo ku cara horisontal tina lantéy imah, bagéan imah bisa disebutkeun: tepas, sosoro tuluy pang hareupna golodog.[8]
Remove ads
Kagunaan
- Kagunaan golodog téh utamana pikeun meresihkeun suku saméméh nincak ka jero imah.[3]
- Golodog téh pikeun panécéan naék ka imah ku lantaran imah baheula mah wanguna panggung anu di handapna disebut kolong atawa paranjé paranti neundeun pakakas jeung ingon-ingon.[3]
- Golodog ogé mangrupa tempat pikeun ngawangkong jeung tatangga mangsa geus rinéh, bisa ogé tempat ulin budak, panundaan hasil tatanén (samentara), malahan dipaké tempat ngadaweung, jeung réa-réa deui.[9]
- Bisa ogé tempat migawé pagawéan anu henteu pati penting (nyiaran kutu, milihan sérah, mereskeun paré, jeung sajabana).[10]
Remove ads
Dicutat tina
Daftar Pustaka
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
