Histidin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Histidin (lambang His atawa H)[2] nyaéta asam α-amino ésénsial anu dipaké dina biosintésis protéin. Histidin ngandung gugus α-amino (wangun –NH3+ diprotonasi dina kaayaan biologis), gugus asam karboksilat (wangun –COO− deprotonasi dina kaayaan biologis), jeung ranté gigir imidazol (diprotonasi parsial), kaasup golongan asam amino muatan positip dina pH pisiologis. Mimitina dianggap ésénsial ukur keur orok, kadieunakeun kapanggih ésénsial ogé pikeun sawawa.[3] Kode genetikna disandi ku kodon CAU jeung CAC.
Histidin munggaran diisolasi ku dokter Jérman Albrecht Kossel jeung Sven Gustaf Hedin taun 1896.[4], mangrupakeun prékursor histamin, agén inflamatori pital dina réspon imun.
Remove ads
Baca ogé
- Karnosinémia
- Béta-Alanin
- Diptamida
- Réaksi Pauly
Rujukan
Tutumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads



