Huni

From Wikipedia, the free encyclopedia

Huni
Remove ads

Huni nyaéta ngaran tangkal jeung bubuahan, buahna raranggeuyan, gedéna 1 cm, wangunna aya nu buleud aya nu lonjong, warnana hejo saupama asak robah jadi warna ungu semu hideung.[1] Daunna kaasup daun tunggal, bentukna lonjong, panjangna 9–25 cm, sisina rata, tungtung daunna seukeut.[1][2] Warnadaun ngorana hejo ngora, sanggeus kolot robah jadi hejo kolot.[1] Huni sumebar di Asia Tenggara jeung Ustrali, di Jawa tumuwuh liar di leuwung atawa dipelak di buruan imah.[1]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Remove ads

Kandungan

Thumb
Huni

Huni ngandung gizi jeung fitonutrien anu luhung.[3] Buah huni ngandung vitamin C, provitamin A, vitamin B1, vitamin B2, vitamin E, mineral, zat beusi, fosfor, photasium/kalium, jeung serat.[3] Kulit watang anu rasana kesed ngandung racun alkaloida.[1]

Mangpaat

Buah huni alus pikeun ngajaga kasehatan panon sabab ngandung vitamin A anu luhung, bisa ngalancarkeun saluran pencernaan tur nyingkahan konstipasi, mangrupa antioksidaan, mangpaat pikeun nyageurkeun deg-degan jantung, anemia, darah tinggi.[3] Rasa buahna anu haseum mangpaat pikeun ngaluduhkeun kesang, ngaleungitkeun racun, ngaleungitkeun haus, sarta ningkatkeun sirkulasi getih.[1] Buah anu asak miboga hasiat pikeun nambahan cai susu indung.[2] Daunna bisa dipaké pikeun nutupan raheut.[2]

Remove ads

Olahan tina huni

Buah huni biasana dijieun rujak, dijieun sirop , atawa selé.[1] Daunna anu ngora rasana semu haseum bisa dipaké lalab atawa disayur.[1][2]

Referensi

Tutumbu Kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads