Jotang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Jotang (Spilanthes acinella; Spilanthes oleracea) nyaéta hiji tangkal anu asalna tina spesies Acmella oleracea kulawarga Asteraceae hirupna ngan sausum.[4] Jotang mibanda ngaran daérah/vernakular : Gatong (Minang); gletang/legetan (Jawa)[5]; kirat cerat (Madura); baga (Ternate).[6]
Remove ads
Pedaran
Jotang kaasup kana herba, tangkalna ajeg tapi kalan-kalan aya ogé anu ngampar luhureun taneuh.[6] Daun salambar bijil sapasang pahareup-hareup, wujudna lonyod méncos ka tungtung aya ogé anu semu buleud.[6] Kembangna mejemuk/ngéntép dina pendul kelirna konéng, buahna laleutik tur hideung mibanda panjang 1–2 mm.[6] Jotang dina basa Inggris disebutna spilanthes, bagéan kembang jeung akarna geus ti baheula dipikawanoh mibanda rupa-rupa mangpaat utamana pikeun ubar nyeuri huntu.[7] Numutkeun laporan hasil panalungtikan anu dikaluarkeun ku CCHA : Chicago College of Healing Arts, bédana kandungan zat anu dipibanda ku tangkal jotang baseuh jeung garing[7] :
- % Baseuh kénéh : 1:2, 75% W/25% ACV (Chech)
- % Geus Garing : 1:5, 75% w/25% ACV (Chech)[7]
Remove ads
Ciri Mandiri
Tangkal
Tangkal jotang ajeg ka luhur (decumbent) jangkung kurang leuwih 10–30 cm, kelirna héjo, sakapeung katempo semu beureum gandaria, glabrous; lemes henteu mibanda bulu (pilose) nepi ka cukup déwasa.[6][8]
Daun
Daun mibanda cupat daun (Petioles) Panjang 5–37 mm bijil sapasang kénca katuhu, kelir daunna héjo, wujudna rada lonyod 1,8-10 × 0,8-6Cm méncos ka tungtung, daun anu kakara melentis/pucuk (apeks) kelirna héjo ngora.[9] Tungtung daun rérégéan kawas ragaji.[8][9]
Kembang
Kembangna konéng soliter, kerucut, panjang 6,3–13 mm kaluar tina sela-sela tangkal jeung cupat daun, upama digégél pendulna baris ngaluarkeun bau seungit tur rasana lada semu kesed (pahang),[9] di mana digayem daun atawa kembangna nimbulkeun rasa baal kana baham jeung gugusi .[6]
Siki/buah
Sikina leutik pisan tur mibanda bulu panjangna 0.5-1.1 mm aya ogé anu pondok 0,3–1 mm.[9] Kelirna hideung.[6]
Remove ads
Kagunaan
Daun Jotang mibanda zat anu disebut saponin, Flavonoid, jeung polifenol, kembangna mibanda zat spilanthol.[6] Bisa dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun ubar, salah sahijina ekstrak Arialaceae dina jumlah 0,15 sampai 0,75% [10] bisa nimbulkeun rasa baal/kebas dina baham jeung gugusi.[9] Ku lantaran sipat ieu, tangkal jotang dimangpaatkeun pikeun ubar tradisional utamana nyeri huntu, gararing biwir, jeung infeksi dina gugusi.[9] Malahan urang Inggris mah ngalandih kana tangkal jotang téh ku sebutan Tanaman sakit gigi/toothache plant.[9] Pucuk daun jotang geus heubeul dimangpaatkeun pikeun lalab sarua baé jeung antanan, surawung,jeung anu lianna.[11]
Daftar pustaka
- Seanna Tully (2008). "MENSTRUUM CHART" (PDF). Molecular Biology and Evolution. 2: 1–6. Diaksés tanggal 2017-05-20. Archived 2016-07-30 di Wayback Machine
- Jonathan Rigg (2005), "A DICTIONARY SUNDANESE", dina Fulconis, R. (éd.), A Dictionary of the Sunda Language of Java, Batavia, hlm. 178 Pemeliharaan CS1: Lokasi tanpa penerbit (link)
- Hidayat, M.Si., Ir. R. Syamsul, Kitab Tumbuhan Obat, AgriFlo (Penebar Swadaya Group), ISBN 979-002-660-9
- Penyusun Kamus PS, Tim (2013), KAMUS PERTANIAN UMUM, Penebar Swadaya, Anggota Ikapi Perum Bukit Permai, ISBN 979-002-593-9
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
