Julang
Spésiés manuk From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Julang; (Buceros rhinoceros) nyaéta spésiés manuk nu asalna tina kulawarga Bucerotidae, tina genus Aceros.[2] Kagolongkeun kana manuk nu ampir tumbur sok pacorok jeung manuk rangkong rhinoceros hornbill, kahakanan ieu manuk sabangsaning bungbuahan, Ficus, keuyeup, bangkong, reptil, jeung sajabana.[3] Manuk julang hirup di leuweung nu teupati luhur kaayaana, nyebar di daérah nu kaayaana tempatna kurang leuwih 2.000 m dpl.[2] Ieu manuk loba kapanggih hirup di India Wétan, Cina bagéan kulon, India Wétan, Asia tenggara, Semenanjung Malaysia.[4]
Remove ads
Ciri mandiri
Pangawakan manuk julang kawilang gedé, panjang awakna nepika (100 cm).[2] Kelir bulu dina tonggong, jang-jang, jeung beuteungna, Hideung.[4] Sedengkeun kelir bulu dina buntutnamah bodas.[4] Manuk nu jaluna mibanda ciri nu béda jeung bikangna, tayalian kelir bulu dina huluna krém.[4] Bulu palebah pundukna semu beureum, kulit kawas jawér dina beuheung deukeut puhu pamatuk handap kelirna konéng cékas.[3][2] Manuk nu bikangna, bulu palebah huluna hideung.[5] Kulit dina beukeung palebah pamatuk handap, kelirna semu paul.[5][2]
Pamatukna semu konéng, dipalebah luhunna aya deui salapis pamatuk nu rérégéan.[5] Cékérna hideung, mangsa hiber kadéngé jang-jangna kokoprakan matak gandéng.[5] Hiber sok bareng jeung pada baturna aya kana 4 nepi ka 6 manuk, mimindengnamah hiber ngan sapasang wungkul.[5][6]
Sayangna mangrupa liang nuaya dina tangkal, mangsa keur nyileungleum sayangna ditutupan ku taneuh kalawan bikangna aya di jero sayang pikeun kabutuhan hakaneun tayalian dianteuran ku jaluna.[5][4][2] Kelirna bodas mibanda totol-totol beureum jeung coklat, jumlahna 1-2 ésé.[5] Usum baranahan dina bulan Juli-Septémber.[5][4]
Remove ads
Galeri
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
