Sayang

From Wikipedia, the free encyclopedia

Sayang
Remove ads

Sayang nyaéta tempat anu ngahaja dijieun pikeun nyumput, ngajaga anak-anakna tina bahaya; sayang nunjul ogé kana tempat manuk jeung unggas séjéna ngendog tur ngagedékeun anak-anakna.[1] Sayang dijieun alatan ayana pangrojong biologis tina hiji sato anu keur kakandungan, sok disebut ogé naluri nyayang.[2]

Thumb
Sayang manuk

Sayang manuk anu dijieun basajan ogé dimaksudkeun pikeun nyumputkeun endog-endogna sangkan hentu murag ogé nyingkahan tina gangguan sato séjén.[2] Nyingkahan pangaruh cuaca: angin, panas, hujan, tiis, jeung sajabana. [2] Sayang ogé dibutuhkeun pikeun nanggeuy endog anu jumlahna loba.[2] Mangsa geus megar tur jadi anak, sayang mangrupa tempat pikeun nyumput anak-anakna tina sagala bahaya bari nungguan indungna mangsa nyiar hakaneun.[2] Sireum jeung rinyuh ogé nyieun sayang anu kacida gedéna pangeusina bisa rébuan, disebutna koloni.[3] Dijero sayang aya hiji ratu anu ngahasilkeun endog 30.00 siki dina sapoé.[3]

Gedé jeung leutikna sayang dipangaruhan ku jumlah anu ngeusianna, saperti sayang beurit: beurit ngaliang jero pisan kalawan leuwih lega di jerona bisa dieusi ku puluhan nepika ratusan beurit.[4][5] Sababaraha rupa sayang malah bisa dimangpaatkeun pikeun yumponan kabutuhan vitamin jeung ubar sperti: sayang walét, nyiruan, sireum, jeung sajabana .[6]

Remove ads

Tutumbu kaluar

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads