Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan
Remove ads

KTSP, wancahan tina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan nyaéta kurikulum operasional anu disusun jeung dilaksanakeun di masing-masing satuan pendidikan.[1] KTSP mangrupa salah sahiji wangun réalisasi kawijakan déséntralisasi dina widang atikan sangkan kurikulum bener-bener saluyu jeung kabutuh kamekaran poténsi peserta didik di sakola kalawan merhatikeun kapentingan lokal, nasional, jeung pamérédih global kalawan sumanget Manajemen Berbasis Sekolah.[2]

Thumb
Babandingan Kurikulum 2004 jeung KTSP, kurikulum di Indonésia
Remove ads

Sumanget MBS (Manajemen Berbasis Sekolah)

  1. MBS minangka wangun otonomi sakola ngajurung ka guru sangkan ngarobah paradigma anu asalna minangka curriculum user (anu ngagunakeun kurikulum) kana curriculum developer (anu ngamekarkeun kurikulum)[2]
  2. Guru mampuh kaluar tina kabiasaan digawé anu konvénsional kana kabiasaan digawé kontémporér anu dinamis.[2]
  3. Guru mampuh nyekel peran minangka agent of change (agén parobahan)[2]

Nyusun kurikulum dina tingkat satuan pendidikan tahap pendidikan dasar jeung menengah madom kana panduan anu disusun ku BSNP (Badan Standar Nasional Pendidikan).[1] Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan Tinggi wajib ngayakeun mata kuliah Pendidikan Agama, Pendidikan Kawarganagaraan, Basa Indonésia , jeung Basa Inggris.[1] Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan Tinggi program sarjana jeung diploma wajib ngayakeun mata kuliah ngeunaan kapribadian, kabudayaan, sarta mata kuliah statistika jeung/ atawa matématika.[1]

Remove ads

Acuan Operasional KTSP

  1. Ngaronjatkeun kaimanan jeung katakwaan sarta ahlak anu mulya.[2]
  2. Ngaronjatkeun tingkat poténsi, kacerdasan, jeung minat saluyu jeung tingkat kamekaran jeung kamampuh peserta didik.[2]
  3. Merhatikeun béda-bédana poténsi jeung karakteristik daérah jeung lingkungan.[2]
  4. Merhatikeun pamérédih pamekaran daérah jeung nasional.[2]
  5. pamérédih lahan gawé.[2]
  6. Kamekaran élmu pangaweruh, téknologi, jeung seni.[2]
  7. Agama[2]
  8. Dinamika kamekaran global.[2]
  9. Beungkeutan (persatuan) nasional jeung ajén-ajén kabangsaan.[2]
  10. Kondisi sosial budaya masarakat satempat.[2]
  11. Kasatataan jénder.[2]
  12. Karakteristik satuan pendidikan.[2]


Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads