Kapas

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kapas
Remove ads

Kapas nyaéta ngaran hiji tuwuhan nu ngahasilkeun haramay/benang nu lemes nu tumuwuh sabudeureun sikina.[1] Kapas tumuwuh di daérah tropis jeung subtropis.[1] Serat ieu tuluy digulung jadi benang sarta digunakeun pikeun nyieun kaén (tékstil).

Fakta Singget Gossypium, Klasifikasi ilmiah ...
Thumb
Kapas siap dipanén
Gambar:Cotton1943 cropped.jpg
Metik kapas di Georgia, USA, taun 1943

Kapas mangrupa tuwuhan nu gedé ajénna lantaran ngan kira-kira 10% tina beuratna ilang dina pemrosésan. Waktu lilin, protéin, jll. disingkirkeun, sésana nyaéta polimér alami tina sélulosa murni. Sélulosa ieu kasusun rapih antukna méré kapas sifat kekuatan, daya tahan sarta daya serep nu mandiri. Di Pulo Ambon, kapas dipikawanoh ku istilah lokalna ''aha'', sarta dina basa Banda disebut ''karamboa''.[2]

Remove ads

Sajarah

Thumb
Pepelakan kapas sakumaha anu dibayangkeun sareng digambar ku John Mandeville in the abad ka 14
Thumb
Kebon Kapas di Oklahoma. Mandor jeung urang Negro anu metik kapas, ca. 1897-98.

Katun geus dipaké pikeun nyieun kaén anu pohara alus jeung hampang di wewengkon kalawan iklim tropis geus rebuan taun katukang. Sababaraha otoritas ngaku yén kamungkinan urang Mesir ngagaduhan katun ti mimiti 12,000 SM, jeung bukti geus kapanggih kapas di guha Mexican (lawon katun sarta fragmen tina haramay anu sisusun ku bulu_bulu jeung fur) ditaksur kurang leuwih 7,000 taun ka tukang. Bukti arkéologis jelas yén jalma di Amérika Kidul jeung India domesticated spésiés béda tina kapas sacara mandiri rébuan taun ka tukang

Remove ads

Produksi

Kiwari kapas dihasilkeun di réa patempatan di dunya, kaasup Eropa, Asia, Afrika, Amérika, jeung Australia, ngandelkeun tangkal kapas anu pinilih antukna bisa dihasilkeun serat nu leuwih réa. Dina taun 2002, kapas dipelak di 330.000 km² huma, 47 milyar ton kapas atah saharga 20 milyar dolar AS dipelak dina yaun éta.


Mangpaat

Sajaba ti jadi bahan dasar industri tékstil, kapas ogé dipaké dina kecrik lauk, saringan kopi, ténda, jeung pangwates buku. Duit Cina munggaran dijieun tina serat kapas, ogé duit dollar Amérika Sarikat modéren.

Denim, sarupaning pakan nu tahan lila, jeung lolobana kaos (T-shirt) sabagéan gedé dijieun tina kapas.

Tempo ogé

  • Gin kapas

Rujukan

Tumbu ka luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads