Kaulinan budak Sunda

kaulinan pikeun barudak From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Sajarah

Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna. Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh[1]. Aya kaulinan barudak anu dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan anu dilakukeun ku duaan, aya ogé kaulinan anu kudu dilakukeun ku lobaan[1]. Salian ti éta, ogé aya kaulinan husus keur barudak awéwé, kaulinan husus keur barudak lalaki, jeung kaulinan anu bisa diiluan ku barudak awéwé jeung lalaki[1].[2]

Remove ads

Mangpaat

béda jeung kaulinan éléktronis nu sipatna nyorangan ((id):soliter, (en):solitaire), rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal ka hareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.

Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya ka hareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.

Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring ti batan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu mibanda pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. ku sabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.

Remove ads

kaulinan secara formal

Lantaran kaulinan téh gedé mangpaatna pikeun kamekaran mental jeung tumuwuhna fisik barudak, mangka dina Kurikulum 2013 tingkat daérah provinsi Jawa Barat kaulinan barudak diasupkeun minangka matéri pangajaran di sakola[3]. Matéri pangajaran kaulinan barudak ditepikeun dina kelas VII SMP[3]. Eusina ngeunaan pangaweruh rupa-rupa kaulinan tradisional kalawan prakték pikeun metakeun éta kaulinan.

Rupa-rupa kaulinan barudak

Dumasar kana saha nu ngalakukeunna[1]

Kaulinan barudak awéwé

Kaulinan barudak lalaki

Kaulinan barudak lalaki jeung awéwé

Dumasar kana prak-prakanana

====Anu dibarung ku kakawi han====

Anu henteu dibarung ku kakawihan

Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda.

ambil-ambilankaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
anjang-anjangankaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.
bébénténgankaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
béklenkaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
boy-boyankaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
congklakkaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
cacaburangékaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
cingciripitkaulinan bari kakawihan.
damdamankaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
endog-endogankaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
empét-empétankaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.
éncrakkaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)
éngklékaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
galah asinkaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
gatrikkaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
gugunungankaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.
hahayamankaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.
jajangkungankaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang
luncat talikaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun.
ngadu kalécikaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
oray-orayankaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
paciwit-ciwit lutungkaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih
pérépét jéngkolkaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
pelak caukaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
sérmenkaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.
sondahkaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.
sorodot gaplokampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
ucing-ucingankaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
ucing sumputkaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.
Remove ads

Sumber Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads