Kecap lemes

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kecap lemes
Remove ads

Kecap lemes (aksara Sunda baku: ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮜᮨᮙᮨᮞ᮪, palapalan basa Sunda: [kəcap ləməs]) nyaéta kosakecap basa Sunda anu digunakeun dina ragam basa hormat ka batur. Kabéh kecap lemes tanwandé aya sasaruaannana jeung kecap loma, wangenan kecap lemes ogé ngawengku wangenan minangka kecap anu digunakeun pikeun ngaajénan batur, ogé ngawengku sakumna jinis-jinis kosakecap lemes anu séjénna, kayaning kecap lemes pisan (kecap lemes anu leuwih luhur), kecap lemes dusun (kecap lemes anu lain lulugu) jeung kecap lemes énténg (kecap lemes anu nétral atawa teu dihususkeun pikeun batur ogé pikeun sorangan).

Thumb
Kekecapan lemes dina Soendaneesch-Hollandsch woordenboek (1913) jieunan Sierk Coolsma ditandaan ku l., dina gambar di luhur, conto kekecapan anu ditandaan ku l. nyaéta "nanging", "koeramas" ("kuramas"), "angkat", "angken", "angkeng" ("angkéng") jeung "angkeut".

Dina kamus-kamus atawa buku tatabasa Sunda, kecap lemes biasana ditandaan ku L., lem. atawa l.

Remove ads

Kandaga kecap

Ieu di handap mangrupa conto kecap lemes jeung padananna dina kecap loma.[1]

Informasi leuwih jero Loma, Lemes ...

Tempo ogé

Rujukan

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads