Kecap sedeng

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kecap sedeng
Remove ads

Kecap sedeng (aksara Sunda baku: ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮞᮨᮓᮨᮀ, palapalan basa Sunda: [kəcap sədəŋ]) nyaéta kosakecap basa Sunda anu dipaké dina ragam basa hormat ka sorangan. Saluyu jeung pamakéannana, ieu kecap dipaké pikeun ngaajénan sakaligus ngahandapkeun diri di hareupeun lawan wicara. Baheula mah, kecap sedeng dipaké ogé pikeun ngomongkeun batur di hareupeun dunungan, hal ieu dilakukeun ku sabab pamakéan kecap lemes karasa luhur teuing jeung kecap loma karasa handap teuing.[1] Ieu kecap sakapeung sok dipahilikeun wangenannana jeung kecap panengah.[2]

Thumb
Kecap-kecap sedeng anu nyampak dina buku tatabasa Sunda anu basana basa Walanda Soendaneesche Spraakkunst (1904) jieunan Sierk Coolsma.

Dina kamus-kamus atawa buku tatabasa Sunda, kecap sedeng ilaharna ditandaan ku S atawa s.[2]

Remove ads

Kosakecap

Ieu di handap mangrupa conto kecap sedeng (anu dikandelan) jeung sasaruannana dina kecap loma jeung kecap lemes.[2]

Informasi leuwih jero Loma, Sedeng ...

Tempo ogé

Rujukan

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads