Kendal
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kendal (Cordia dichotoma) nyaéta tutuwuhan leutik nu jadi di tempat nu séséléké.[1] [2] Ieu tutuwuhan dipikawanoh ogé ku ngaran kendal (Jawa jeung Bali), kendhal (Madura), téo-téo, Nunang (Malayu), Nunang (Sumatera Kulon), Kai Nunak (Pulo Roté), Tatasinunang (Timor), Totéolo (Halmahéra), Lantolo (Gorontalo), jeung Cena (Bugis). Buah kendal wangunna baruleud laleutik kalawan gedéna 0,5 nepi ka 1,5 séntiméter.[3] Antara siki jeung kulitna aya cacai nu leueur jeung cepel matak ku barudak sok dipaké pangrapet keur ngaleugeut papatong.[2][4]

Remove ads
Sumebar
Salian di Indonesia, kendal ogé bisa kapanggih di India, Tiongkok bagian wétan, Asia Tenggara, Australia, nepi ka Kalédonia Baru. Kendal jadi di pasir sabudeureun basisir, di sisi leuweung bakau, di leuweung bébas, jeung savana. Kendal ogé bisa jadi dina tempat anu luhurna 500 méter dpl. Komo lamun dihaja dipiara mah bakal hirup sanajan dina tempat nu luhurna 1500 méter dpl, salaku tangkal di sisi jalan.[5]
Remove ads
Mangpaat
- Godogan kulitna bisa nyageurkeun diaré, nyeri mastaka, diséntri, nyeri patuangan, jeung mantuan ngagancangkeun jagjag sanggeus babaran.[3]
- Kulit kendal nu baseuh bisa nyageurkeun bisul, bareuh, tumor, jeung lamun digosokkeun kana waos bakal nambahan kakuatanana.[3][6]
- Daunna lamun ditutuan mangpaat keur komprés jeung niiskeun tatu atawa bareuh. Di Myanmar mah sok dijadikeun bungkus surutu.[3]
- Buahna anu leueur bisa nyageurkeun batuk, sesek napas, nyeri rahim, jeung urétra.[3]
- Sikina mun dicampur jeung minyak bisa nyageurkeun panyakit hapur.[3]
Remove ads
Galéri
- Kembang kendal
- Buah kendal
- Daun kendal
- Olahan fermentasi buah kendal
- Tangkal kendal di sisi jalan
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
