Keuneung
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Keuneung nyaéta bagéan tina sistem tulang-tulang dina awak urang anu aya pernahna dina suku.[1] Keuneung mangrupa hiji tulang anu kawilang gedé ayana dina dampal suku beulah tukang. Tulang ieu anu nunjel/nahan beurat awak urang mangsa napak luhureun taneuh sangkan henteu ngajengkang katukang.[2]
ku alatan ieu pisan, keuneung mibanda kagunaan anu pohara gedé dina ngajaga kasaimbangan awak utamana mangsa keur leumpang sumawona lumpat. Keuneung mibanda sendi/sambungan, Beulah luhur keuneung mibanda sendi anu nyambung jeung talus tayalian tulang mumuncangan dibeulah hareupna nyambung jeung kuboid tayalian tulang anu nyambung jeung ramo-ramo suku. Dina keuneung mibanda urat/téndon anu panggedéna dina awak, dingaranan Corda Achilles. Keuneung ogé disimbutan ku otot jeung saraf anu kacida lobana.
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads