Limus
spésiés tutuwuhan From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Limus nyaéta hiji tutuwuhan anu masih baraya kénéh jeung tangkal buah. Ngaran ilmiahna Mangifera foetida Lour, sakapeung limus sok disebut manggah/buah alatan wujudna anu sarimbag pisan, sababaraha daérah nyebut limus téh Ambacang (musik), Embacang, silakan Limus, ogé nunyebut langsing.[1] basa hambawang asam Banjar, macang atawa machang (Melayu), maa chang, ma ma chae atawa mut (Thailand), la mot (Myanmar) jeung réa-réa deui.[1] [1]
Remove ads
Ciri mandiri

Jangkung tangkalna nepika 30-35 méter kalawan ajeg, kulit tangkalna ngagarurat sarta kulitna malelekat, kelirna coklat jeung sakapeung rada kulawu. Lamun seug diturih baris kaluar geutah anu kelirna bodas jeung lila kalilaan robah jadi beureum tuluy ngahideungan. Ieu geutah umpama keuna kana kulit bisa ngabalukarkeun kulit tutung tur arateul. Daunna hęjo kolot rada heuras, panjang 1,5–8 cm, wujudna lonyod rubakna 9-15 × 15–40 cm méncos ka tungtungnakeun. Kembangna kaambung seungit, ngaranggeuy leutik, jocong seperti Aseupan panjang kurang leuwih 10–40 cm kelir beureum kolot. Buahna lonyod kawas endog, sakapeung aya ogé anu gedéna 7-12 × 9–16 cm, kulit buahna kandel kelir héjo nepika semu konéng, totol-totol jeung katempo leuwih coklat dimana buah geus asak, daging buah kunéng oranyeu tur katempo loba lamadna, rasana haseum amis tur bauna seungit. Limus bisa dipelak tina pelok buahna, usum kembangan dina bulan Méi-Juni buah asak dina bulan Séptémber-Novémber.[1]
Remove ads
Mangpaat Tangkak Limus
Limus ngahaja dipelak pikeun diarah buahna, rasana gahar tur seungit bisa di gahgal dimana geus asak, ogé bisa jadi campuran rujak, acar buah, sakapeung dijieun bahan nyieun jus ogé manisan sarta campuran sirop,jeung sajabana. Di Kalimantan, Limus ogé dimangpaatkeun pikeun panghaseum dina campuran bahan saos. Kai tangkalna kurang alus umpama dipake dina wangunan paling dipaké pikeun tunjel atawa tatapakan dinamangsa keurnyieun pondasi, daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ubar galingging sarta ngubaran jamu kulit.
Remove ads
Asal muasal
Limus masih katempo hidup di alam liar atawa di leuweung, seperti Semenanjung Malaya, Sumatera jeung Kalimantan. tuluy Ieu tangkal nyebar ka daérah-daérah sabudeureuna seperti Indochina kalér Burma, nepi ka Pilipina. di polo Jawa sorangan, ieu tangkal geus dipelak tibaheula kénéh.[1]
Kandungan gizi
Dina 100 gram, Limus anu geus asak 98 gram kalori, protein 1,4%, ngan saeutik lemak, 0,2%. Caian 72,5%. Ieu kacida alusna pikeun ngurangan beurat awak.[2]
- Limus dina tangkal
- Buah limus dina cupatna
- Daun Limus ngora
- Bédana limus jeung kawéni/(katuhu)
Dicutat tina
Baca Ogé
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
