Lipoma nyaéta lapisan lemak bentukna menjul anu beuki lila beuki numpuk di handapeun kulit. Anu menjulna téh ayana antara lapisan kulit jeung otot. Lipoma mindeng tumerap dina beuheung, tonggong, taktak, leungeun, jeung pingping. Lian ti éta, lapisan lemak anu menjul téh bisa jadi aya dina peujit jeung kaasup kana salah sahiji tumor anu mindeng keuna ka jalma anu geus sawawa. Lipoma mangrupa kondisi anu bisa dicokot ngaliwatan bedah sedot lemak (liposuction), sanajan teu kacokot kabéh tapi moal ngabahayakeun atawa moal balik deui jadi tonjolan anu pikanyerieun.[1]
Lipoma dina taktak.
Ukuran lipoma téh 2-3 cm, tapi lamun ngagedéan mah ukuranana bisa nepi kana 10 cm atawa leuwih.[2]
Remove ads
Wanda
Ronsenan Lipoma.Lipoma konvénsional, lapisan lemak bodas anu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Hibernoma, lapisan lemak coklat nu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Fibrolipoma, lapisan lemak anu ngandung serat jeung menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Angiolipoma, kumpulan lemak jeung pembuluh getih anu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Myelolipoma, lemak jeung jaringan ngawangun sél getih anu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Spindle Cell lipoma, lemak jeung sél anu jiga régang anu menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Pleomorfic lipoma, kumpulan lemak jeung rupa-rupa sél kalayan ukuran atawa bentuk anu rupa-rupa menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Atypical lipoma, kumpulan lemak kalayan ukuran leuwih jero jeung sel anu leuwih gedé menjul di antara lapisan kulit jeung otot.[1]
Remove ads
Ciri
Ciri dan bentuk lipoma.Kumpulan lemak anu menjul téh hipu semu ngagibleg.[3]
Keuna ku Adiposis dolorosan, munculna lemak anu menjul.[2]
Keuna ku Sindrom Cowden, tandana tumor jinak, kulit anu kaleuleuwihi, jeung ukuran tonjolan anu lumayan gedé.[2]
Keuna ku Sindrom Gardner, kaayaan anu ngabentuk tumor jinak.[2]
Keuna ku panyakit Madelung, tonjolan lemak anu aya di bagian luhut awak manusa.[2]
Keuna ku Familial multiple lipomatosis, kondisi turun tinurunanu nyababkeun lipoma kabentuk.[2]
Diagnosa
Ngaluarkeun lipoma ngaliwatan operasi.Pamariksaan fisik, pamariksaan kana bentuk lipoma anu kaasup normal atawa henteu. Bentuk lipoma téh hipu jeung teu matak nyeri. Sabab kawangun tina jaringan lemak lamun dicabak téh bakal pindah-pindah.[2]
Biopsi, ieu pamariksaan mikabutuh conto jaringan lipoma anu dicokot sacukupna tuluy ditalungtik di laboratorium. Tujuan biopsi téh nyaéta keur mastikeun yén dina jero lipoma euweuh sél-sélkanker anu matak ngabahayakeun pasién. Tapi, sanajan euweuh indikasi kanker tetep kudu tatan-tatan sabab lipoma bisa robah jadi liposarkoma anu menjulna karasa nyeri jeung gancang ngagedéan.[2]