Lisin

From Wikipedia, the free encyclopedia

Lisin
Remove ads

Lisin (lambangna Lys atawa K)[2] nyaéta asam α-amino anu mangrupa prékursor rupa-rupa protéin. Ieu asam amino ngandung hiji gugus α-amino (dina wangun nambah-proton NH3+ dina kaayaan biologis), hiji gugus asam α-karboksilat (dina wangun kurang-proton COO dina kaayaan biologis), jeung hiji ranté gigir lisil ((CH2)4NH2), digolongkeun kana basa, boga muatan (dina pH pisiologis), asam amino alipatik, dikode ku kodon AAA jeung AAG. Sarua jeung asam amino lianna, α-karbonna Kiralitas sarta bisa jadi énantiomér atawa campuran rasemat atawa duanana. Pikeun ieu artikel, lisin di dieu nujul ka énantiomér anu aktip sacara biologis L-lisin, anu α-karbonna dina konpigurasi S.

Fakta Singget Wasta, Pananda ...

Awak manusa teu bisa nyintésis lisin, ku kituna kaasup asam amino ésénsial anu kudu meunang asupan tina dahareun. Dina organisme anu nyintésis lisin, aya dua jalur biosintésis, nyaéta jalur diaminopimelat jeung α-aminoadipat, anu maké énjim jeung substrat anu béda. Katabolisme lisin lumangsung ngaliwatan salasahiji ti sababaraha jalur, ngan anu galib mah jalur sakaropin.

Lisin loba pancénna dina awak manusa, utamana protéinogenesis, numbu silang popipéptida kolagén, nyerep giji mineral ésésial, jeung dina nyieun karnitin anu penting pisan dina métabolisme asam lemak. Lisin boga pancén ogé dina modipikasi histon, ku kituna, mangaruhan épigénom. Gugus ε-amino boga pancén ogé dina beungkeutan hidrogén sarta salaku basa umum dina katalisis. Gugus ε-amonium (NH3+) napel kana karbon kaopat ti α-carbon, anu napel kana gugus karboksil (C=OOH).[3]

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads