Lolong
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Lolong nyaéta kaayaan teu bisa nempo pisan lantaran dua matana peureum.[1] [2] Lolong bisa karandapan ti mimiti gumelar atawa ti kudrat anu teu bisa nempo, bisa ogé ku alatan indra panempo atawa mata ngarandapan karuksakan alatan ku panyakit, anu ngabalukarkeun mata henteu bisa nempo nanaon.[3]

Dina sababaraha kaayaan, lolong bisa disababkeun tina kacilakaan, panyakit inféksi campak ogé bisa ngabalukarkeun ruksakna ulseraso kornéa mata.[4] Di Afrika lolong anu karandapan ku barudak téh lantaran kaserang panyakit turunan ti kolotna kitu deui ka budak anu gumelar dina kaayaan albino okulokutaneus.[4] Dina sababaraha kajadian, lolong ogé dibalukarkeun alatan kakurangan vitamin A, balukarna baris kakeunaan karatomalasia anu dibarengan ku molétékna kornéa mata.[4] Tarakoma jeung inféksi ogé bisa dibalukarkeun ku kaeuntreupan laleur kana mata.[4]
Lolong bisa dibalukarkeun tina katarak ilaharna keuna ka jalma anu geus kolot, ogé keuna ka ibu-ibu anu kakandungan, ieu ku lantaran henteu saimbangna hormon anu aya dina awak (glaukoma, retinopathy, diabetic, darah tinggi, jeung degenerasi makular).[5][6] Numutkeun laporan WHO di Indonésia aya kana 20 juta urang ngarandapan lolong ku lantaran tina panyakit katarak.[7]
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
