Marmot

From Wikipedia, the free encyclopedia

Marmot
Remove ads

Marmot nyaéta sato nu asup kana Génus Marmotta, kulawarga Bajing (Sciuridae).[1] Ieu sato patali kénéh jeung bajing nu bisa ngapung, bajing tangkal, bajing taneuh, jeung anjing sampalan.[2] Marmot mangrupa ngaran umum pikeun bajing darat nu pangawakanana busekel, sukuna pendék, diurnal, jeung biasana buluna parondok.[2] Sato nu kaasup anggota marmot biasa hirup di daérah pagunungan kawas Rockies jeung Sierra Nevada di Amerika Sarikat, Alpen Eropa, jeung Kanada beulah kalér.[2] Kitu ogé,Groundhog Amérika kalér atawa woodchuck (Marmota monax) kaasup kana marmot ogé.[2]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Species ...
Marmot

Saperti lolobana kulawarga bajing, ieu sato miboga huntu hareup nu gedé jeung otot-otot rahang nu kuat jeung mekar .[2] Umumna, suku tukangna leuwih panjang tibatan suku hareup jeung boga opat atawa lima ramo dina unggal sukuna.[2]

Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads