Mimosa

From Wikipedia, the free encyclopedia

Mimosa
Remove ads

Mimosa nyaéta salah sahiji genus tutuwuhan nu aya dina kulawarga kacang (Fabacéae).[1] Genus ieu diwangun ku leuwih ti 40 tutuwuhan jeung mangrupa tutuwuhan asli daérah tropis jeung subtropis di sakabéh benua.[1] Ieu tutuwuhan miboga ngaran nu dicokot tina gerakan daunna jeung aya spésiés nu tangtu nu "nurutan" sensibilitas sato.[1] Mimosa miboga hulu kembang wangun buleud nu nonjolkeun benang sari jeung daun biasana nyirip.[2] Sanyawa daun sok sénsitif mun kacabak atawa kakeunaan cahya.[2] Spésiés Mimosa nu panglobana biasana mangrupa hérba atawa semak pendék;[1] sababaraha tutuwuhan ngarambat; jeung sababaraha deui wanguntangkal.[1] Akar tina sababaraha spésiés miboga racun; nu séjéna ngandung zat pangiritasi kulit.[1]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah ...
Remove ads

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads