Pala

From Wikipedia, the free encyclopedia

Pala
Remove ads

Pala (Myristica fragan Haitt) téh rempah-rempah asli ti Indonesia nyaéta ti Banda jeung Maluku.[1] Pala, sumebar ka Pulo Jawa nalika Marcopolo indit ka Tiongkok ngaliwatan Pulo Jawa taun 1271 nepi taun 1295.[1] Ti harita, pala dibudidayakeun nepi ka Pulo Sumatera.[1] Pala dipikawanoh minangka rempah-rempah anu ngahasilkeun minyak atsiri, anu mangrupa bahan dasar dina indusri inuman jeung kosmetik.[1] Sacara umum mangpaat pala dicokot tina kulit watang nepi ka daging buahna.[1]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Remove ads

Kandungan

Kandungan tina: 1. Arilus: Minyak atsiri, minyak lemak, zat samak, jeung zat pati.[1] 2. Siki: Minyak atsiri, minyak lemak, saponin, miristisin, elemisi, énzim lipase, péktin, hars, zat samak, lémonena, jeung asam oléanolat.[1] 3. Kulit buah: Minyak atsiri jeung zat samak.[1]

Jenis

Aya sawatara rupa buah pala, nyaéta:

  1. Myristica fragrans Houtt,[2]
  2. Myristica argentea Ware,[2]
  3. Myristica fattua Houtt,[2]
  4. Myristica specioga Ware,[2]
  5. Myristica Sucedona BL,[2]
  6. Myristica malabarica Lam.[2]

Mangpaat

Siki buah pala bisa dimangpaatkeun pikeun dijadikeun ubar diséntri, maag, méncrét, ngeureunkeun utah, sebel, mules, perut kembung, insomnia, reumatik, serak, ngaringankeun nyeri, ngajaga stamina, sarta nyingkahan dehidrasi.[1][3] Salian ti dijadikeun ubar, pala ogé biasana diolah jadi manisan.

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads