Palupuh
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Palupuh nyaéta lantéy imah panggung anu dijieun tina tangkal awi beunang nyacah.[1]Palupuh dijieun tina awi leunjeuran panjangna gumantung pangabutuh, awi anu keur meujeuhna lumiat henteu kolot teuing tapi henteu ngora kénéh. Awi keur anu ilahar dipaké palupuh tayalian awi tali, atawa awi surat.[2][3][3]

Nyieun palupuh
Tuar awi anu keur lumiat, sangkan henteu bangga mangsa migawéna sarta hasilna henteu pati méotan.[2]
Awi beunang nuar tuluy diberesihan tina regangna ogé sakuriling bubukuanna, kakara dicacah sakurilingna (dibeulah tapi henteu sapat) mimiti ti palebah bukuna diketrék maké péso selang sling palebah unggal bukuna kurang leuwih saramo atawa dua ramo.[2] Awi beunang nya cah kakara di beulah (sapat ngan sabeulah), tuluy diberesihan hinis jeung bukuna anu palebah jerona bari dipoékeun. [4]
- Awi héjo kénéh dicacah
- Dipoé heula
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
