Awi surat
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Awi surat (Gigantochloa pseudoarundinacéa) nyaéta tangkal awi anu kelirna héjo ngora paselang jeung gurat-gurat konéng, ukuranna leuwih gedé tur mindeng dimangpaatkeun pikeun bahan bangunan, parabot, konstruksi, jeung pakakas rumah tangga.[2][6][7]
Remove ads
Pedaran
Awi surat hususna di Indonésia loba kapanggih hirup ampir di unggal daérah, saperti Jawa kulon, Jawa tengah, jeung Bali.[8] Dina basa daérah awi surat disebut ogé awi gombong ; pring gombong, pring andong, pring surat (basa Jawa); tiying jajang suwat (bahasa Bali); buluh batuang danto (basa Minangkabau).[1][2][9][10] Dina basa Inggris awi ieu disebut greater giant bamboo.[2] Awi surat bisa jadi kalawan subur dina taneuh anu keusikan, patempatanna 1200 méter (dpl) kalawan dina sataun turun hujan 2350–4200 mm; suhu 20-32 derajat celsius; kalembaban kurang leuwih 70%.[11]
Di Indonésia aya kana 170 rupa tangkal awi, tapi anu bisa dimangpaatkeun pikeun bahan wangunan anu dianggap hadé ngan tilu rupa : Awi tali, awi bitung, jeung awi surat.[12]
Remove ads
Ciri mandiri
Awi surat hirupna ngadapur, tangkalna leceng ka luhur jangkungna bisa nepikeun ka: 30 méter; buleudan tangkalna 15 cm ; bisa hirup dina Iklim tropis ogé subtropis ; mikaresep kana tempat anu negrak kasorot ku panon poé.[13] Jarak buku ka buku kurang leuwih 40–45 cm kelirna héjo ngora paselang jeung gurat-gurat konéng.[11]
Saméméhna spésiés awi surat Gigantochloa pseudoarundinacea digolongkeun kana G. verticillata Willd., babarengan jeung G. atter (Hassk.) Kurz (bambu ater), G. atroviolacea Widjaja (awi wulung), jeung G. robusta Kurz (bambu mayan).[6] Kiwari mah geus dipisah dumasar kana spésiés masing-masing.[9]
Remove ads
Mangpaat
Awi surat utamana dimangpaatkeun pikeun bahan wangunan, konstruksi, kuluwung (pipa), parabot rumah tangga, Balé-balé, bilik, ogé aya anyaman-anyaman sabangsa karinjang.[1] Bisa ogé pikeun bahan nyieun alat musik tradisional.[9] Dina ukuran industri, awi surat mangrupa bahan pikeun nyieun sumpit jeung tusuk gigi paranti nyeuhil.[9] Iwungna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun sayuran.[10][12] Calung salah sahiji alat musik anu dijieun tina awi surat, calung geus dipiwanoh di sababaraha daérah saperti Jawa kulon, Jawa tengah, jeung Bali.[8]
Séjéna
Awi surat dina kaayaan baseuh kénéh mibanda beurat jinis kurang leuwih 0,37—0,48; di mana geus garing jadi 0,65, kadar cai dina awi surat anu garing aya kana 16,8%.[9] Specific gravity aya 0.5—0.7 (kaasup bukuna) jeung 0.6—0.8 (henteu kaasup bukuna).[10] Ukuran leuleus liatna (The modulus of elasticity) aya dina angka 19 440—28 594 N/mm2, Kakuatan nahan tekenan nepikeun ka beulah/potong (the modulus of rupture) 171—207 N/mm2, Kakuatan mangsa dibatek nepika sumpung (the tensile strength)128—192 N/mm2. Areng tina tangkal awi surat mibanda énérgi kurang leuwih niléyna 30 000 kJ / kg. [9]
Remove ads
Tempo ogé rupa-rupa awi
Dicutat tina
Daptar Pustaka
Tutumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads