Pandan wangi

From Wikipedia, the free encyclopedia

Pandan wangi
Remove ads

Pandan wangi mangrupa tuwuhan anu alusna dipelak di iklim tropis.[1] Ieu tutuwuhan téh biasana osok dipelak di buruan imah atawa di kebon.[1] Pandan ogé sakapeung mah osok aya di walungan jeung tempat anu rada lembab. Lamun di daérah pantai kudu dina katinggian sabudeureun 500 m dpl.[1] Perdu taunan, jangkungna 1–2 m. Watangna buleud, ngaracanbang, daun tunggal.[1] Unggal daunna bentukna pita, ipis, leueur, sisi-sisina maréncos, tapi rata, tulangna sajajar, panjang 40 – 80 cm, lébarna 3 – 5 cm, cucukan dina sisi-sisina, warnana héjo.[1] Kembangna majemuk, bentuk bongkol, warnana bodas. Buahna buah batu, ngagantung, bentuk bola, diaméter 4 - 7,5 cm, dinding buah berambut, warnanya jingga.[1] Pandan wangi selain sebagai rempah-rempah juga digunakan sebagai bahan baku pembuatan minyak wangi.[1] Osok dipaké jadi penyedap, paranti nyeungitan kadaharan, jadi gincu.[1] Biasana pandan ogé osok jadi hiasan dina gelung, sangkan buuk téh ka ambeu seungit. Atawa jadi pewangi dina lomari. Daun pandan anu geus dikereutan osok jadi campuran kembang tujuh rupa.[1]

Fakta Singget Pandanus amaryllifolius, Klasifikasi ilmiah ...
Remove ads

Mangpaat

Salain jadi gincu jeung panyeungitan boh kadahareun boh dina gelung, pandan ogé miboga mangpaat pikeun kecantikan nyaéta paranti ngahideungkeun buuk jeung ngaleunitkeun kotombé. [2]

Cara Ngahideungkeun buuk

Sadiakeun 7 lembar daun pandan, tuluy dikeureutan terus dikulub ku saliter cai nepi ka warnana jadi héjo.[2] Antepkeun salila sapeuting. Isukna, campurkeun cai pandan nu meunang ngulub téh jeung 3 cangkudu anu asak.[2] Saterusna usapkeun kana buuk.[2]

Cara Ngaleungitkeun Ketombé

Sadiakeun 7 lembar daun pandan, tuluy di rendos nepi ka lemes.[2] Tambahkeun 1/2 cangkir cai bersih bari di campurkeun nepi ka rata.[2] Peres tuluy disaring.[2] Sanggeus kitu usapkeun cai éta kana kulit anu aya ketombéan.[2] Antepkeun nepi ka tuus jeung garing. Kira-kira 1/2 - 1 jam tuluy kuramas nepi ka bersih.[2]

catetan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads