Patik
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Patik nyaéta parabot sarupa jeung kampak gedé [1] tur maké gagang leuwih panjang, patik dipaké meulah atawa nuar tangkal kai [2] Nuar tangkal kai pikeun ngabukbak leuweung pikeun dijieun lahan tatanén [3] atawa ngala kai pikeun suluh atawa kaperluan séjéna, disababaraha daérah patik téh mangrupa pakakas andelana.[4]

Pedaran
Patik dijieun tina beusi waja anu kuat tur kandel[5], patik tradisional biasana dijieun di gosali, di Tatar Sunda daérah anu kasohor masih kénéh aya gosali anu nyieun pakakas tatanén kayaning arit, pacul, patik, kampak, jeung sajabana. Tayalian di daérah Majaléngka sok sanajan kiwari geus beuki ngorotan jumlahna, ku lantaran morosotna jumlah pesenan.[6]
Gagang patik anu alus dijieun tina bungkul kawung nu geus pugur atawa arék muguran, sanajan nuarna bangga, leuwih bangga deui mangsa nampolana, bogor kawung anu teuas ieu engkéna baris dibeulah tuluy diraut nepikeun ka bisa diasupkeun kana liang gagang patikna.[7]
- Rupa-rupa patik
- Péso (seuseukeut) patik
- Paranti meulah kai
- Patik dipaké olahraga nuar kai
Remove ads
Dicutat tina
Tutumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
