Pythagoras
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Pythagoras nyaéta surang filsuf sarta matematikus Yunani, filsafat sarta pamikiranna méré pangaruh gedé kana pamikiran Plato sarta Aristoteles.[1] Pythagoras gumelar di pulo Samos, kolotna Mnesarchus tukang dagang nu asalna ti daérah Tyre.[2] Pythagoras ngayakeun lalampahan ka Mesir, nu maksudna pikeun nyuprih elmu ti imam-imam di Mesir.[2] ku lantaran kapinteran Pythagoras imam-imam di Mesir ngarasa teu sanggup narima Pythagoras jadi muridna, panungtunganna Pythagoras ditarima jadi murid ku imam ti Thebe.[2]

Salila lalampahanna Pythagoras kungsi nempo kajaiban dunya buhun (kuna), salah sahijina kuil Hera nu perenahna di koka tempat manéhna gumelar sarta Ephesus nu perenahna di Turki.[2] Nincak umurna 18 taun Pythagoras panggihjeung Thales, saurang aki-aki nu ngawanohkeun manéhna jeung Matématika ngaliwatan cukang lantaran muridna (anaximander).[2] Bérés ngalalana nyuprih élmu, Pythagoras balik deui ka Samos nuluykeun deui néang kapanasaran ngeunaan filsfat kalawan nyambi jadi guru pikeun anak Polycartes.[2] Pythagoras pindah ka kota Crotona di Italia Kidul, di dieu manéhna ngadegkeun hiji mashab pamikiran nu katelah “mazhab Pythagorean”.[2] Pamikiran nu pang pentinga ti mazhab Pytagoréan, cenah bilangan sarta angka téh sagala-galana, bilangan dibédakeun kana bilangan jangkep jeung ganjil; bilangan terbatas jeung bilangan tak terbatas.[2]
Remove ads
Dicutat tina
Daftar pustaka
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
