Stasion Juanda

From Wikipedia, the free encyclopedia

Stasion Juandamap
Remove ads

Stasion Juanda (JUA) (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮏᮥᮃᮔ᮪ᮓ) mangrupa stasion karéta api kelas II anu pererahna di Jalan Ir. H. Juanda 1, Pasar Baru, Sawah Besar, Jakarta Pusat. Ngaran stasion ieu diambil ti jalan raya anu aya di sabudeureuna. Stasion anu pererahna dina kaluhuran +15 métér ieu kaasup tina Daérah Operasi I Jakarta. Ti taun 1990-an, stasion ieu aya di luhur taneuh. Stasion Juanda aya di dekeut jeung halte busway.

Fakta Singget Lokasi, Koordinat ...

Stasion ieu miboga dua jalur karéta api. Kompléks stasion ieu letakna teu jauh ti tempat kantor puséur Daérah Operasi I Jakarta.

Remove ads

Layanan karéta api

KRL Commuter Line

Antarmoda pangrojong

Informasi leuwih jero Jinis angkutan umum, Trayék ...
Remove ads

Insidén

  • Dina tanggal 26 Oktober 2008 pukul 15.30, pantograf anu aya di gerbong 1 KRL jurusan Jakarta Kota-Bogor kabakar. Akibat kajadian éta, sabaraha lalampahan KRL terhambat. Taya korban jiwa dina paristiwa ieu.[5]
  • Dina tanggal 11 September 2009, aya gangguan listrik di Stasion Juanda, sabaraha lalampahan KRL kaganggu selama 15-20 menit.[6]
  • Dina tanggal 3 Oktober 2009 pukul 9.50, KRL Ékonomi Jakarta Kota-Bogor disaruduk ku lokomotip di Stasion Juanda. Paristiwa ieu teu ngakibatkeun katerlambatan lalampahan karéta api, namun saurang bocah awéwé tuna wisma yuswa 10 tahun ngalami patah tulang kaki nu bagian kénca.[7]
  • Dina poé Rabu, tanggal 23 September 2015, pukul 15.25 WIB, kajadian kacelakaan anu ngalibatkeun dua KRL JR 205 SF 10 di Stasion Juanda. Kadua kabin masinis karéta hareup ruksak parah. Opat puluh dua urang luka-luka akibat kacelakaan éta.[8][9] Kajadian ieu ngakibatkeun sang masinis KRL 1156, Gustian, luka parah jeung kudu dirujuk ka Rumah Sakit Pusat Angkatan Darat Gatot Soebroto, Jakarta Pusat. Eva Chairunnisa, manager corporate communication PT KCJ, nganuturkeun bahwa cidéra parah di kaki masinis Gustian ngakibatkeun masinis éta acan bisa sacepatna ninggalkeun RSPAD.[10]

Galéri

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads